AL – QURANUL KARIM ETA TEH IMAM URANG SADAYANA
Al – Qur’an eta teh sumber tina sagala
sumber hukum Islam. Al-Quran eta teh Kitab Suci anu diturunkeun ku Anu Maha
Suci,karena eta Al-Quran suci tina sagala cacad jeung kakurangan, Al-Quran
kacida sampurna sebage’ padoman hirup keur sakabeh muslim.Bahkan sakuduna
Al-Quran jadi padoman hirup satiap
manusa.karena teu pato – pati Al-Quran di turunkeun kajaba sebage’ pituduh keur
sakabeh umat manusa.Dawuhan Allah SWT dina Q.S.2.Al-Baqarah ayat 185 :
“شَهْرُ رَمَضَانَ
الَّذِي أُنْزِلَ فِيهِ الْقُرْآنُ هُدًى لِلنَّاسِ “
Hartina : “Jeung ari bulan Ramadhan , eta
bulan anu diturunkeun dina eta bulan ( mimiti ) Al – Quran sebage’ pitiduh keur
umat manusa”.
Jeung memang Al-Quran eta diturunkeun
sebage’ nu mere pepeling keur samesta alam, sakumaha Dawuhan Allah SWT dina
Q.S.25.Al – Furqan ayat 1 :
“تَبَارَكَ الَّذِي
نَزَّلَ الْفُرْقَانَ عَلَى عَبْدِهِ لِيَكُونَ لِلْعَالَمِينَ نَذِيرًا “
Hartina : “ Maha Suci anu geus nurunkeun Al
– Furqan (Al-Quran ) ka hamba – Na ngarah jadi nu mere pepeling keur samesta
alam”.
Namung wungkul jalma anu taqwa anu hayang
ngajadikeun Al-Quran sebege’ pituduh jeung padoman hirupna. Allah SWT ngadawuh
dina Q.S.2 Al – Baqarah ayat 2 :
“ذَلِكَ الْكِتَابُ
لا رَيْبَ فِيهِ هُدًى لِلْمُتَّقِينَ “
Hartina : “ Ieu Kitab (Al-Quran ) anu hanteu
aya kamang mangan sautik oge di jerona,sebage’ pituduh keur jalma – jalma anu
tarakwa”.
Karana eta, Majlis Ta’lim Miftahul Ulum
Ays-Syafi’iyyah ngusahakeun keur hayang
jeung mampuh negeuhkeun lengkah perjuangan kalawan ngajadikeun Al-Quran sebege’
pituduh,padoman jeung Imam anu di turut. Ngan ku kitu pisan Majlis Ta’lim Miftahul
Ulum Ays-Syafi’iyyah bisa salamet dunia
akherat. Rasulullah SAW dadawuh :
“ القران شافع مشفع و ماحل
مصدّق . من جعله أما مه قاده ألى الجنة و من جعله خلفه ظهره ساقه ألى النار”
Hartina : “ Ari Al-Quran eta teh anu nyafa’atan
anu disyafa’atan jeung anu mela anu di benerkeun.Saha jalma anu ngajadikeun
Al-Quran di hareupeunna ( sebage’ Imam ) Maka pasti Al-Quran nungtun eta jalma
ka surga. Jeung saha jalma anu ngajadikeun Al-Quran di tukanggeun tonggongna (
hanteu dijadikeun Imam ) maka pasti Al-Quran ngajongklokkeun eta jalma kana
naraka”.
Hadits ieu diriwayatkeun ku Ibnu hibban rhm
sumberna ti jabir ibnu ‘Abdillah ra sakumaha di sebutkeun dina kitab Al –
Matjar Ar-Rabih karya Al-Imam Al-Hafidz Ad-Dimyaathi,dina Bab 11 Hadits ka- 3.
Jeung tangtuna ngajadikeun Al-Quran sebage’
Imam geus nyakup ngajadikeun As-Sunnah sebage’ padoman oge,karena wungkul ku
As-Sunnah urang bisa maham isi kandungan Al-Quran sacara bener.Jeung tong poho
bahwa ari manusa anu paling ngarti tentang Al-Quran eta teh Rasulullah
SAW,jeung manteunna di utus ku Allah SWT keur ngajelaskeun tentang Al-Quran anu
di turunkeun Allah keur manusa. Allah SWT ngadwuh dina Q.S.16.An-Nahl ayat 44 :
“وَأَنْزَلْنَا
إِلَيْكَ الذِّكْرَ لِتُبَيِّنَ لِلنَّاسِ مَا نُزِّلَ إِلَيْهِمْ وَلَعَلَّهُمْ يَتَفَكَّرُونَ “
Hartina : “ Jeung kami turunkeun ka anjeun
Adz-Dzikir (Al-Quran ),ngarah anjeun nerangkeun ka umat manusa naon wae anu
diturunkeun ka maranehna.jeung ngarah maranehna marikir”.
Jeung dina surat anu sarua dina ayat 64 :
” وَمَا أَنْزَلْنَا
عَلَيْكَ الْكِتَابَ إِلا لِتُبَيِّنَ لَهُمُ الَّذِي اخْتَلَفُوا فِيهِ وَهُدًى وَرَحْمَةً
لِقَوْمٍ يُؤْمِنُونَ “
Hartina : “ Jeung Kami hanteu nurunkeun ka anjeun Al-Kitab (Al-Quran ) ieu, kajaba ngarah anjeun bisa ngajelaskeun ka maranehna naon perkara anu maranehna paseakeun jeung jadi pituduh jeung rahmat keurkaom anu ariman”
Komentar
Posting Komentar