LIBERAL, MUSUH GEDE ISLAM


يُرِيدُونَ لِيُطْفِئُوا نُورَ اللَّهِ بِأَفْوَاهِهِمْ وَاللَّهُ مُتِمُّ نُورِهِ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُونَ
هُوَ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ
”Maranehna mikahayang keur mareuman cahaya (agama) Allah dengan sungutna (ucapan / pernyataan) Maranehna jeung Allah tetep nyampurnakeun cahaya-Na sanajan jalma-jalma kafir ijid.Allah anu geus ngutus Rasul-Na kalawan mawa pituduh jeung agama anu benar (Islam) pakeun ngunggulkeunnana ti sakabeh agama-agama sejen,sanajan jalma -jalma musyrik arijid.”  (QS. Ash-Shaff [61]: 8–9).
Kudu apal musuh Islam, tandaan ciri-cirinna, ngarah urang apal, saha jeung kumaha maranehna ?! LIBERAL eta teh musuh gede Islam, karena eta sebut we maranehna ku ngaran LIBERAL atawa  KAFIR LIBERAL, tong sakali-kali nyebut maranehna ISLAM LIBERAL, sabab Islam lain LIBERAL, jeung LIBERAL lain Islam.

LIBERAL eta teh jenis kanker pamikiran anu paling bahaya. LIBERAL mangrupakeun komplikasi tina rupa-rupa panyakit pamikiran anu di sebabkeun rupa-rupa virus anu bisa maehan akal jeung nalar sarta ngabunuh iman,nyaeta :

VIRUS LIBERAL aya opat :

Kahiji, RELATIVISME, nyaeta hiji isme (pamikiran,pemahaman) anu ngayakinkeun bahwa HANTEU AYA KEBENARAN MUTLAK,sakabeh kebenaran boga sifat relative (bisa bener bisa salah) kaasup benerna agama.kaasup benerna islam. Virus ieu nimbulkeun panyakit PLURALISME nyaeta hiji isme anu ngayakinkeun bahwa sakabeh agama SARUA jeung BENER, sehingga hanteu menang hiji umat beragama ngaku agamana wungkul anu paling benar, tapi oge kudu ngaku benerna agama sejen.

Kadua, SKEPTISISME, nyaeta hiji isme (pamikiran,pemahaman) anu NGARAGUKEUN KEBENARAN AGAMA jeung nolak kana sampurna  jeung lengkeupna aturan agama anu nyakup sakabeh sektor kahirupan, sehingga agama wungkul ngatur urusan ritual ibadah wungkul, hanteu lewih.  Virus ieu nimbulkeun panyakit SEKULARISME anu MISAHKEUN URUSAN AGAMA TINA SAKABEH URUSAN NEGARA, baik yang menyangkut politik, ekonomi, sosial, industri mau pun tekhnologi.

Ketiga, AGNOSTISISME, nyaeta hiji isme (pamikiran,pemahaman) anu HANTEU HAYANG APAL KANA KEBENARAN AGAMA, sehingga agama hanteu deui jadi standar ukur kebenaran. Virus ieu nimbulkeun panyakit MATERIALISME anu ngukur sagala perkara ku materi, kaasup ngukur kana kebenaran agama.

Keempat, ATHEISME, nyaeta hiji isme (pamikiran,pemahaman) anu NOLAK KANA KEBENARAN AGAMA,ka asup benerna Pangeran. Virus ieu nimbulkeun panyakit RASIONALISME nyaeta SAKABEH PERKARA DIUKUR KU AKAL, sehingga akal dijieun pangeran.

JIN : JEMAAT ISLAM NUSANTARA

Timimiti bijilna Fatwa MUI dina tahun 2005 tentang kasesatan SEPILIS (Sekularisme, Pluralisme jeung Liberalisme), maka kalangan Sepilis sibuk neangan ngaran anyar anu manipulatif sahingga babari nipuna, ngajebak jeung ngabobodo masyarakat awam.

Akhirna, maranehna ngagunta ganti ngaran, sakapeung Islam Moderat, sakapeung Islam Inklusif, sakapeung deui Islam Multikulturalisme, namung tetep hanteu payu, karena masih aya ambeu bahasa asing (Inggris), sahingga tetep dicurigaan ku masyarakat.

Ayeuna, maranehna ngagunakeun anu bisa leuwih akrab jeung masyarakat Indonesia, ku ambeu Kebangsaan jeung Nasionalisme Indonesia, nyeta  ISLAM NUSANTARA,

Ngan eusina tetep ambeuna SEPILIS, karena pamikiran,kayakinanna,ajaranna tetep sarua,nyaeta : Human Right, Freedom and Local Wisdom (HAM, Kabebasan jeung Kaarifan Lokal).

Ngan ayeunamah, JIN leuwih ngahareupkeun Misi Budaya. Make ngaran Budaya Nusantara, JIN lalaunan tapi pasti hayang merut ajaran Islam. Waktu ayeuna, PROPAGANDA JIN, diantarana :

1. ISLAM PANDATANG

Keur JIN bahwa Islam di Indonesia eta teh "pandatang" ti Arab anu "numpang", lain agama "asli" bangsa Indonesia.

JAWABANNA : Ari Islam eta teh agama asli anu turun ti Langit keur sakabeh pangeusi Dunya, karena Islam datang ti Allah SWT Anu Boga Alam Sakuliahna, sehingga Islam dimana wae di luhureun dunya Allah SWT bakal jadi agama "Asli" anu "Pribumi", jeung moal pernah jadi "Pandatang".

Jadi, Islam lain ti Arab, tapi ti Allah SWT anu diturunkeun mimitina di tengah jalma Arab, tuluy di sebarkeun ka sakabeh poloksok dunia..

2. PRIBUMISASI ISLAM

Islam sebage’ pandatang ti Arab kudu taluk jeung nurut ka Indonesia salaku Pribumi, sahingga Islam kudu siap "Dipribumisasikeun" ngarah taluk kana Budaya satempat.

Karana eta, hanteu meunang aya istilah "Islamisasi Indonesia", tapi anu misti dilaksanakeun nyaeta "Indonesia-isasi Islam". Jadi, ulah pernah ngomongkeun "Indonesia Negara Islam", tapi kudu ngomong "Islam aya di Indonesia".

JAWABANNA : Lamun pola pikir ieu bener, maka Islam di China misti di-Cina-isasi, jeung Islam di India misti di-India-isasi, sarta Islam di Amerika oge misti di-Amerika-isasi, jeung saterusna, sahingga Islam di Dunia jadi rupa-rupa jeung aya jenis-jenis sakumaha negarana.

Lamun mundur deui ka tukang, mistina waktu Islam aya di tengah masyarakat Jahiliyyah, maka Islam kudu di-Jahiliyyah-isasi.

Jelas, pola pikir di luhur teu puguh, ngawur jeung hanteu ilmiah, bahkan sesat nyesatkeun.

3. TOLAK ARABISASI

Islam anu aya di Indonesia salila ieu eta teh "Islam Arab", sahingga Budaya Nusantara ka ancam jeung direndos ku Arabisasi.

Karana eta,di Indonesia sakabeh Budaya Arab anu nyusup dina Islam kudu diganti budaya Budaya Nusantara, sahingga ka hareup terwujud "Islam Nusantara" anu khas keur Bangsa Indonesia.

Intina, JIN nolak sakabeh Budaya Islam anu aya ambe Arab, karana dina tetempoan maranehna kabehannana eta teh "Arabisasi Islam", sahingga perlu aya Gerakan "Indonesia-isasi Islam" di Nusantara.

JAWABANNA : Rasulullah SAW diutus di tengah Bangsa Arab keur nga-Islam-keun Arab, bukan nga-Arab-keun Islam. Bahkan keur nga-Islam-keun sakabeh Bangsa-Bangsa di Dunia, lain keur nga-Arab-keun maranehna.

Jadi, hantu aya Arabisasi dina Islam, anu aya nyaeta Islamisasi keur sakabeh umat manusia.

4. COKOT ISLAM PICEUN ARAB

Islam sebage’ pandatang ti Arab hanteu meunang ngatur komo deui ngajajah Indonesia, tapi Islam kudu taluk jeung nurut ka Indonesia salaku Pribumi.

Karena eta Bangsa Indonesia meunang nyokot Budaya Islam, tapi wajib nolak Budaya Arab, ngarah supaya Budaya Nusantara hanteu di jajah jeung hanteu karendos ku Budaya Arab.

JAWABANNA : ieu teh eta Propaganda Busuk JIN anu hayang nolak Budaya Islam ku "dalih" Budaya Arab. Dina ahirna eungke, sakabeh ajaran Islam anu ditolak jeung hanteu di pikareusep ku JIN, bakal di sebut sebage’ "Budaya Arab".

Jeung propaganda ieu bangeut bahaya, karana ngamekarkeun-nyuburkeun sikeup RASIS jeung FASIS, sarta ngalahirkeun sikeup ANTI ARAB, anu dina akhirna ngeristal jadi ANTI ISLAM.

5. COKOT ISLAM PICEUN JILBAB

Menurut JIN bahwa Jilbab eta teh Budaya Arab karena mangrupakeun pakeian Awewe Arab, sahingga kudu diganti ku pakeian adat Nusantara.

JAWABANNA : JIN lolong sajarah, karana di zaman Jahiliyyah, masyarakat Arab hanteu apal Jilbab, jeung Awewe Arab hanteu make jilbab. Bahkan Awewe Arab hartina terkenal ku pakeian anu ngahaja ninggalikeun aurat jeung pamer kageulisan, sarta Tradisi Tari Perut anu mukakeun bujal jeung pingping.

Tuluy datang Islam ngawajibkeun Awewe Muslimah kudu make jilbab nutupan Aurat, sahingga Awewe Muslimah jadi beda jeung Awewe Musyrikah.Ku eta pisan, Jilbab eta teh Busana Islam lain Busana Arab, jeung Jilbab eta teh Kawajiban Agama lain Tradisi jeung Budaya.

6. COKOT ISLAM LAIN SALAM

Ucapan "Assalaamu 'Alaikum" Eta teh Budaya Arab, sahingga kudu di ganti ku "Salam Sejahtera" ngarah bernuansa Nusantara jeung leuwih nuduhkeun jatidiri Bangsa Indonesia.

JAWABANNA : JIN deui lolong kana sajarah, karena di zaman Jahiliyyah, salam masyarakat Arab eta teh "Wa Shobaahaah", lain "Assalaamu 'Alaikum".

Tuluy datang Islam anu ngajarkeun umatna salam syar'i antar kaum muslimin, nyaeta "Assalaamu 'alaikum wa rohmatullaahi wa barokaatuh". Jadi, "Assalaamu 'Alaikum" eta teh"Tahiyyatul Islam" lain "Tahiyyatul 'Arab."

7. COKOT TILAWAH QUR'AN PICEUN LANGGAM ARABNA

Kaasup Maca Al-Qur'an hanteu perlu deui ku Langgam Arab, tapi geus di ganti ku Langgam Nusantara saperti Langgam Jawa jeung Sunda atawa anu, ngarah supaya lewih Indonesia.

JAWABANNA : Maca Al-Qur'an ku Langgam Arab lain kahayang orang Arab, tatapina parentah Allah SWT jeung Rasulullah SAW.

Jeung karena Al-Qur'an diturunkeun dina Bahasa Arab, tangtu macana kudu ku Langgam Arab, ngarah saluyu jeung intonasi makna jeung harti, Jeung eta oge hanteu tiap Langgam Arab meunang keur Tilawah Al-Qur'an.

Langgam Gambus jeung Langgam Qoshidah asalna Arab, tapi hantu meunang digunakeun keur Tilawah Al-Qur'an, karana duanana eta teh Langgam Seni jeung Budaya sarta Musik jeung Hiburan.

Komo deui Langgam Tari Perut anu mangrupakeun Langgam Seni jeung Budaya Arab keur pintonan ma'siat, lewih hanteu meunang di gunakeun keur Tilawah Al-Qur'an.

Karena eta, maca Al-Qur'an ku Langgam salain Arab hanteu diijinan,karana memang hanteu saluyu jeung pakem Bahasa Arab, sahingga moal bisa saluyu jeung intonasi makna jeung harti.

Komo deui Langgam Seni jeung Budaya salianti Arab anu digunakeun keur hiburan jeung tontonan, saperti Langgam Dalang Pawayangan, Langgam Sinden Jaipongan, Langgam
Gambang Kromong, jeung nu sejenna, tangtu lewih hanteu menang deui.

Allah SWT geus ngaanugrahkeun Bangsa Indonesia kafasihan dina Lisan Arab, sahingga ti Sabang tepika Merauke, jalma dewasa oge anak-anak, bangeut fasih dina ngucapkeun lafzhul Jalalah "Allah" jeung rupa-rupa Dzikir saperti "Subhanallah wal Hamdulillaah wa Laa ilaaha illallaah wallaahu Akbar." Jeung maranehna oge kacida fasih oge dina maca Al-Qur'an.

Bahkan Bangsa Indonesia kacida Ahli dina Ilmu Tajwid jeung kacida lihai dina Tilawatil Al-Qur'an ku Langgam Arab, sahingga di ampir setiap Musabaqoh Tilawatil Qur'an Internasional, para Qori Indonesia loba sukses jeung hasil kaluar jadi Juara Dunia Tilawah.

Karena eta, maca Al-Qur'an kalawan Langgam Dalang Pewayangan eta teh "Kamunduran", dimana Bangsa Indonesia anu geus kacida dina Tilawatil Qur'an, hingga ngunggulan Bangsa Arab, tuluy dibawa mundur jauh ka Alam Mitos Pewayangan di zaman Semar jeung Petruk.

8. COKOT AL-QUR'AN PICEUN BAHASA ARABNA

Maca Al-Qur'an hanteu misti ku Bahasa Arab, tapi cukup ku terjemah Indonesiana wungkul, ngarah umat Islam Indonesia bisa langsung ngabandungan jeung faham makna jeung harti ayat-ayat anu di baca.

JAWABANNA : Tah ieu tujuan sabenerna tina Propaganda JIN nyaeta ngajauhkeun Al-Qur'an ti umat Islam, karana maranehna paham bener bahwa Ruh jeung Jiwa Islam eta teh  Al-Qur'an.

Keur JIN, saha mika hayang hancurkeun jeung ngeweuhkeun  Islam, hancurkeun jeung ngeweuhkeun Al-Qur'annya.

Jadi jelas pisan, bahwa anu diserang JIN sabenerna lain  Arab, tapi Islam.

Karena eta, salianti anu geus di sebutkeun di luhur, JIN oge ngalakukeun rupa-rupa ragam propaganda ANTI ARABISASI keur ngarealisasikeun tujuan burukna, di antarana :

a. Nolak istilah-istilah anu di cokot tina Bahasa Arab, hingga sebutan Abi jeung Ummi oge maranehna kritisi, sahingga kudu diganti ku istilah-istilah Indonesia, tapi pikaserieunna maranehna alergi ku istilah Arab ngan kacida reseup jeung bangeut  suka dan amat fasih ngagunakeun istilah-istilah Barat.

b. Nolak ngagaranan budak ku ngaran-ngaran Islam anu di cokot tina Bahasa Arab, sahingga anak Indonesia kudu di bere ngaran Indonesia. Tapi lucuna maranehna bunggah jeung bangga ku ngagaranan budak Indonesia ku ngaran-ngaran Barat kalawan dalih llewih modern, sanajan lain ngaran Indonesia.

c. Bahkan mimiti aya beja nolak kana ngafanan mayyit ku Kain Putih karana aya ambeu Tradisi Arab, sahingga perlu diganti ku Kain Batik ngarah kenteul aroma Indonesia. Bahkan maranehna mimiti kabita ku pakeian Jas jeung Dasi Barat keur mayyit sakumaha pangurusan Jenazah Non Islam, ku dalih jauh lewih keren jeung rapih tinimang "pocong", sanajan lain Budaya Indonesia.

FITNAH JIN

Lamun aya nu nolak JIN, maka ujug-ugug dituduh jeung difitnah : Hanteu Nasionalis jeung hanteu Pancasilais, sarta Anti Kebangsaan jeung Anti Nusantara, oge Intoleransi jeung Fundamentalis, bahkan Ekstrimis jeung Teroris.

Padahal, Islam hanteu kenal RASIS jeung FASIS. Saha wae jalmana,naon wae suku bangsana, salila maranehna iman ka Allah SWT jeung Rasulullah SAW maka maranehna dulur.

Jeung umat Islam kacida ngahargaan Seni jeung Budaya Bangsa-Bangsa di Dunia, salila hanteu ngalanggar Syariat Islam.

Karena eta, umat Islam di Indonesia kacida terbuka ngagunakeun Langgam rupa-rupa daerah dina Da'wah ngaliwatan seni Qashidah jeung Sholawat sarta Syair Islam, sakumaha pernah di pidamel ku para Wali Songo nalika nyebar-luaskeun Islam ka sakabeh Nusantara. Ngan hanteu keur Tilawatil Qur'an.

Tinggali we, rupa-rupa Syair Sholawat jeung Dzikir sarta Doa di tiap daerah se-Nusantara, di antarana ;

1. Sholawat PADANG BULAN jeung LIR ILIR anu masyhur di masyarakat Jawa, jeung mineung dibawakeun kuHabib Syeikh bin Abdul Qodir Assegaf ti Solo.

2. Dzikir ADUH GUSTI anu populer di masyarakat Sunda :

Ilaahii Lastu Lil Firdausi Ahlan Wa Laa Aqwaa 'Alaa Naaril Jahiimi

Fahablii Taubatan Waghfir Dzunuubii Fa Innaka Ghoofirudz Dzanbil 'Azhiimi ...

Aduh Gusti, abdi sanes ahli Surga Namun hante kiat Nahan panas Neraka

Mugi Gusti, kersa maparinan tobat
Ngahampura dosa Abdi anu lepat

KESIMPULAN

JIN (Jemaat Islam Nusantara) mangrupakeun paham anu sesat jeung nyesatkeun, sarta lain tina ajaran Islam, sahingga wajib ditolak jeung dilawan sarta diluruskeun.

JIN eta teh Garombolan RASIS jeung FASIS anu ANTI ARAB, bahkan ANTI ISLAM. Lamun maranehna bisa meunang jalan keur nolak KAARABAN bahasa Al-Qur'an atawa KAARABAN suku bangsa Nabi Muhammad SAW jeung Keluarga sarta para Shahabatna, niscaya bakal maranehna pigawe, saking bencina kana Arab, jeung dengkinna kana Islam.

Na'uudzu Billaahi Min Dzaalik .



Komentar

Postingan populer dari blog ini

NADZOM KALIMAH TAUHID

AL – QURANUL KARIM ETA TEH IMAM URANG SADAYANA

NGABEDAKEUN PERBEDAAN JEUNG PENYIMPANGAN DINA AJARAN ISLAM

Radio Online

Radio Dakwatul Musthofa Lumajang | Radioonline.co.id