SING NYAAH KA AGAMA,BANGSA & KA PAPADA MANUSA

Indonesia negara urang geus cukup lila ka timpa panyakit nu nepa(wabah) nya eta panyakit muriang/demam ma’siat,jeung waktu ayeuna wabah eta beuki parah.

Ari Demam ma’siat eta jauh lewih bahaya tinimang demam berdarah. Karana ari demam berdarahmah eta sebage’ cobaan ilahi wungkul nyerang kana jasmani,sedengkeun ari demam ma’siatmah eta nyerang kana jasmani jeung rohani.Salianti eta,ari demam berdarahmah eta sebage’ cobaan ilahi bisa ngahapus dosa jeung ngangkat derajat, sedengkeun ari demam ma’siat mah eta nambahan dosa jeung ngaruksak martabat sarta nyebarkeun laknat.

Nyanghareupan demam berdarah,henteu cukup ku wungkul ngubaran korban nu di coco rengit demam berdarah ( Aedes Agypti ), tapi kudu dibarengan ku nghancurkeun sayangna jeung ngabasmi reungit – reungit demam berdarahna.Nyakitu deuiNyanghareupan demam ma’siat,hanteu cukup wungkul ku ngubaran korbanna,tapi oge kudu di bareungan ku ngahancurkeun sayang ma’siat jeung ngabasmi reungit – reungit ma’siatna.

Ari  jalma-jalma anu nyebarkeun kama’siatan, seperti sindikat pamurtadan,pamuja iblis padukunan,produsen/panyalur jeung  nudagang minuman keras,nu ngider-ngider narkoba,bandar-bandar judi,germo-germo/mucikari palacuran,rentenir,nu nyebarkeun pornografi/pornoaksi,jeung  para pangusaha tempat ma’siat sarta para preman nu ngajagaan nana jeung oknum aparat anu ngalindungan nana,eta teh reungit – reungit ma’siat anu kudu di berantas.Sedengkeun ari tempat usaha kama’siatanna eta teh sayang ma’siat anu kudu di musnahkeun,karana ti tempat ieu kama’siatan di sebarluaskeun ka sakabeh juru.


Anapon ari anggota masarakat anu kajebak program pamurtadan,praktek padukunan,mabok-mabokan,ngakonsumsi narkoba,jalma miskin anu jarudi karana kabita ku jangji para bandar,atawa awewe – awewe kampung anu katipu jeung di paksa jadi pelacur,jalma miskin anu nginjeum duit ka rentenir,siswa SD anu merkosa babaturan ulinna akibat lalajo VCD porno,jeung nu sejen –sejenna anu kajebak kana jero jebakan kama’siatan maranehna eta teh korban sentetan reungit – reungit ma’siat anu kudu di pikarunya,anu kudu di bela,di lindungan jeung di salametkeun tina ka hancuran.

Jeung kudu waspada ! Poe ieu aya beja budak batur anu karampok aqidahna/ tigebrus kana kamusrikan / di cekok ku miras / ka kenaan ku narkoba / kajerat judi / diculik jeung di paksa jadi pelacur / nginjem duit ka rentenir / diperkosa babaturan ulinna akibat lalajo VCD porno.Boa teuing isuk ning geto mumkin ka alaman ku budak anjeun atawa incu anjeun anu di pikadeudeuh pisan.

Karena eta,samemeh eta kajadian,geus jadi kawajiban urang babareungan keur nyegah sagala bentuk kama’siatan.Tong tepika aya di antara urang anu boga sikep hare – hare atawa nganteup,sehingga hanteu paduli kana kamungkaran jeung kadzoliman anu mahabu di sakurilinggeun urang.Mugi Gusti Allah SWT salawasna masihan perlindungan jeung nyalameutkeun anak incu urang tina sagala fitnah anu ngaruksak aqidah jeung agama.Amin !

Patali jeung perkara di luhur,maka golongan reungit – reungit ma’siat mangrupakeun kelompok jalma anu sacara terang –terangan ngalakukeun pelanggaran jeung penistaan kana Agama jeung Konstitusi Negara Kesatuan Republik Indonesia anu berdasarkeun Ketuhanan Yang Maha Esa,Kemanusiaan yang adil dan beradab,Persatuan Indonesia,kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat kebijaksanaan dalam permusyawaratan / perwakilan, dan keadilan sosial bagi seluruh rakyat indonesia.

Maranehna kalawan sikep tanpa boga salah jeung dosa,sangeunahna ngalanggar hukum agama sarta nubruk saparangkat perundang – undangan hukum formal negara anu ngatur sajumlah tindak kema’siatan,seperti Kitab Undang – Undang Hukum Pidana ( KUHP ),Undang – Undang Psikotropika,Undang – Undang Narkotika jeung nu sejenna.

Dina raraga ngubaran bangsa Indonesia anu keur gering demam ma’siat anu geus kronis ieu,maka abdi sadayana ngajak ka sakabeh umat islam jeung sakabeh bangsa indonesia :


1.Ngaramekeun Amar Ma’ruf

Ku ngaliwatan mazlis dzikir, jeung majlis elmu di sakuliah negri dina raraga ngubaran  maranehna nyaeta jalma – jalma anu jadi korban ma’siat.

2. Negakkeun Nahyi Munkar

Ku ngahancurkeun sayang – sayang ma’siat anu jadi pusat dipake nyebarluaskeun kama’siatan.
3. Nyampurnakeun Amar Ma’ruf  Nahyi Munkar

Ngaliwatan ku ngabasmi reungit – reungit ma’siat anu jahat jeung bahaya,ku cara timimiti anu paling lembut/leleuy tepika teges jeung keras lamun ka paksa.
Namung sanajan kitu urang kudu ngaku,sihoreng ngalaksanakeun eta kabeh hanteu sagampang malikeun dampal leungen.Kama’siatan anu aya di indonesia waktu ayeuna kacida kumplit,di tambah deui marunculna sindikat – sindikat kama’siatan anu make sistim kalawan rapih jeung kuat.

Haq teu make sisitim bakal di elehkeun ku Batil anu make sistim.kidah ieu geus lila nyentakkeun ka para pejuang kebenaran.tapi salila eta oge loba anu sepertina teu paduli,bahkan ngaremehkeun.Akibatna ,loba pisan pejuang kebenaran anu gugur maruragan teu kalawan mawa parobahan anu aya hartina kana najeurna Haq di hareupeun Bathil.

Beuki mahabuna kama’siatan jeung ramena kamungkaran di unggal daerah teu luput tina fenomena di luhur.karena eta,kasalahan sarua ulah ka alaman deui. Kapan Rasulullah SAW geus ngingetan ka umatna bahwa jalma anu iman teu kapacok  / ka sered tina liang sayang sato dua kali,sakumaha diriwayatkeun ku Asy-syeikhan rhm.

Parahna,di indonesia geus lila kabatilan terlambangkeun. Jaringanna ngalegaan nembus sakabeh lini jeung sektor.Embrio kabathilan dina bentuk Sindikat Mafia geus muncul ti mimiti Orde Lama.Sedengkeun Orde Baru jadi orde jadina/lahirna  mafia sacara gede-gedean.Anapon di Era Reformasi,gerakan mafia geus jadi dewasa.pabaliwerna reformasi jeung euforia demokrasi jadi “paluang emas “ keur sindikat kabathilan.Waktu  supermasi hukum rugrug,eta pisan mafiaisme beuki pageuh jeung gagah.Cara gawe mafia di lemah cai henteu eleh canggih jeung licikna jeung mafia Sicilia di italia anu geus ka sohor,bahkan mungkin lewih bejad.


Make dalih organisasi kapamudaan maranehna ngarekrut para preman di unggal daerah.make dalih bela negara para preman eta dikirim ka pusat – pusat latihan militer sacara resmi.make dalih ngajaga kaamanan maranehna meres pangusaha gede oge leutik di sakabeh wilayah.make dalih muka lapangan kerja maranehna muka sajumlah bisnis haram anu boga omset miliyaran rupiah per poe. Make dalih agama maranehna kampaye anti kekerasan keur katenangan bisnis ma’siatna.jeung make dalih ngawakilan daerah / golongan maranehna nempatkeun wakilna di lembaga tinggi negara.

Bahkan ayeuna,ku dalih reformasi maranehna berhasil ngadirikeun partai politik milu tarung dina Pemilu.

Jaringan mafia geus ngagurita di berbage’ instansi swasta oge pamarentah.sapanjang waktu maranehhan nana boga jalma kapercayaan di pamarentah pusat jeung daerah,ka asup di jajaran panegak hukum seperti kapolisian,kejaksaan jeung kahakiman.hal ieu kajadian karena paramafia geus sukses jadi “ Bapa Asuh “ keur banyak oknum pejabat birokrat  jeung penegak hukum.

Jauh samemeh para anak asuh mafia nempatan posisi penting di pamarentahhan,maranehna waktu sakola geus meunang beasiswa ti para mafia.kahirupan maranehna di biayaan sakaligus dibina,bahkan satuluyna keur naek pangkat jeung jabatan,sarta keur panempatan wilayah gawe para anak asuh tadi,para mafia oge maenkeun peranan penting.ngaliwatan kakuatan duit jeung kakawasaan.maranehna bisa ngatur kalawan babari.sahingga hutang budi anu diteundeun para bapak asuh kudu di bayar ku totalitas kapatuhan para anak asuh kana aturan  jeung kahayang bapa asuhna.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NADZOM KALIMAH TAUHID

AL – QURANUL KARIM ETA TEH IMAM URANG SADAYANA

NGABEDAKEUN PERBEDAAN JEUNG PENYIMPANGAN DINA AJARAN ISLAM

Radio Online

Radio Dakwatul Musthofa Lumajang | Radioonline.co.id