DALIL MAULID NABI MUHAMMAD SAW
DALIL MAULID NABI MUHAMMAD SAW
Dina
kasempatan anu berbahagia ieu,kasempatan anu mulia ieu,simkuring rek
ngadugikeun ka sedihan jeung kaprihatinan simkuring di nawaktu umat islam keur
ngagalang persatuan eukeur nguatkeun duduluran ukhuwah islamiyah di antara
maranehna ternyata mimiti muncul deui di haja atawa teu di haja jalma-jalma anu
ngababarikeun ku mojokeun kaom muslimin anu di mana-mana dina bulan rabiul Awal
mieling maulidna nabi tercinta saiduna Muhammad SAW,anu sabenerna henteu perlu
kajadian deui,urang menang beda pendapat henteu nanaon,urang menang beda
pamikiran sok wae,tapi salila urang tetep aya dir el ahlu sunnah wal jamaah anu
nyekel pageh kana al-quran jeung sunnah nabi samistina urang kudu saling
menghormati di antara maranehna anu beda pendapat, betul ?
Makanya
urang sedih lagu lila di nyayikeun deui anu ngomong mauled nabi bidah
dolalah,asup naraka,asup naraka urang kabeh,,,anu saenyana simkuring henteu
resep ngomongkeun soal ieu urang boga persoalan gede,oh urang boga persoalan
anu luar biasa kumaha urang rek di hancurkeun,kumaha urang arek di
musnahkeun,kumaha kakuatan urang rek di hancurkeun luar biasa PR urang berat.
Tapi henteu
nanaon keur sakadar jadi panenang jiwa, sakadar obat keur kaom muslimin supaya
kahareup henteu ribut deui sateu acan simkuring ngadugikeun naon anu pantes ku
simkuring di dugikeun, saeutik ceramah ieu simkurung buka heula ngarah urang ka
hareup henteu dijieun bingung deui ku macaem-macem tuduhan seperti tadi, ingsa
Alloh.
Anu ka
hiji, sok buka kitab sohihul bukhori jeung sohihul muslim ieu dua kitab anu di
tulis ku ulama gede ti kalangan ahlusunnah wal jamaah,bahkan di anggap dina
ahlusunnah wal jamaah sebagai ahsohul kitab mimbadilquran,Alhamdulillah
Nah ayena
ku urang sok buka kitab sohih bukhori jeung sohih muslim didinya aya riwayat
anu cukup menarik urang boga nabi anu tercinta di taros ku sohabatيارسول الله naha anjeun
puasa dina setiap poe senen,pertanyaanna simple,naha anjeun puasa dina poe
senen,anu menarik nabi ngajawab singkeut nabi nyarioskeun فيه ولدت karena
dina poe senen teh abdi di lahir keun,simkuring uihan deui nabi ditanya ya
rosululloh naha anjeun puasa setiap poe senen nabi ngajawab karena poe senen
teh poe kalahiran abdi,sakali deui nabi di taros kunaon sebab nabi puasa dina
poe senen,nabi ngajawab ku jawaban anu sigkat tapi padat ringkeus oge jelas
bahwa sebab anjeuna ngalaksanakeun puasa setiap poe senen karena poe senen eta
teh poe kalahiran nabi. Anu hoyong simkuring garis bawahi ieu menarik jadi
dalil nabi di taros naha puasa poe senen nabi ngajawab eta poe lahir abdi,
hartina ku akal anu cerdas,ku elmu anu luhur bias di cokot hiji kasimpulan
bahwa sabenerna nabi urang anu dipikacinta mieling poe ka lahiranna lain sataun
sakali bahkan setiap poe senen jeung kumaha cara nabi mieling poe kalahiranna
ku cara puasa atawa lamun urang rek ngomong sacara konstektual nabi mieling
kalahiranna ku cara beribadah, ku bahasa sejen lamun nabi terang-terangan ngayatakeun ka umatna
anjeuna ngalaksanakeun puasa poe senin karena poe senen eta teh poe kalahiranna
berarti anjeuna ngajadikeun poe kalahiran anjeuna sebagai poe anu di
muliakeun,poe anu di hormati anu nabi rayakeun setiap hari senen, saha anu
ngomong maulid henteu aya dalilna,mun rek dalil ayat hayu ayena urang bejakeun
lamun dalil hadis tah anu bieu jadi ke hela entong sangenahna ngomongkeun
maulid eweh dalil eta bidah,pala lo bau meyan,,,, ngomong jeung kiyai ngomong
jeung habaib ngomong jeung ulama naha bener teu aya dalilna ,
ma’af
simkuring nyarios kieu lain rek ngahujat maranehna henteu! Maranehna henteu
satuju henteu nanaon henteu maulid oge sok bae rosul oge henteu pernah ngawajib
keun da tapi entong ngafirkeun abdi sadayana anu ngalaksanakeun maulid entong
nyesatkeun abdi sadayana anu memperingati maulid betul! betul!
Jadi ayena
lamun nabi mieling poe lahirna setiap poe senen urang mieling poe lahir nabi
Cuma sataun sakali nabi setiap poe senen hartina naon sabenerna urang mieling
lahirna nabi henteu misti sataun sakali lamun perlu unggal poe tapi make sarat
KUDU DIEUSI KU IBADAH puasa teh ibadah,infaq teh ibadah,merekadaharan ka dulur
eta oge ibadah,ngayakeun tablig oge eta ibadah,pangajian eta ibadah,
Alhamdulillah.
Anu ka dua
dina Al-quranul karim Alloh SWT ngayatakeun ka nabina tercinta saiduna Muhammad
SAW,ku maha Alloh ngadawuh surat 10 yunus 58
قُلْ بِفَضْلِ اللَّهِ وَبِرَحْمَتِهِ
فَبِذَلِكَ فَلْيَفْرَحُوا هُوَ خَيْرٌ مِمَّا يَجْمَعُونَ
صدق الله العظيم kumaha saur Alloh قُلْ
carioskeun wahai nabi,carioskeun hai rosul,carioskeun ka jalma anu
iman,carioskeun ka umat islam,naon anu kudu carioskeun? بِفَضْلِ اللَّهِku karunia
Alloh وَبِرَحْمَتِهِjeung ku rohmat Alloh
فَبِذَلِكَ
ku eta kabeh
فَلْيَفْرَحُواkudu jalma anu iman
فَلْيَفْرَحُوا
kudu bararungah, masya Alloh فَلْيَفْرَحُواlam lil amr
eukeur parentah,Alloh parentahkeun,Alloh masihan terang ka rosulna,hai nabi hai
rosul hai Muhammad bejaan anjeun boga umat,bejaan bahwa maranehna kudu
bararungah ku karunia Alloh jeung rohmat Alloh,WAJIB urang ngarasa bararungah ku
karunia jeung rohmat Alloh, Alhamdulillah.
Tuluy aya
anu nayakeun naon hubunganna jeung maulid,keheula dagoan sakedeng, punteun di
catet hela Alloh marentahkeun kaum muslimin wajib bunggah ku ROHMAT ALLOH,
catet hela ku urang eta,
Ayena urang
buka ayat sejen,dina ayat anu sejen naon anu ku Alloh nyatakeun
صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فقال تعالى لنبيه محمد
surat 21 al anbyaa'107
وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلا رَحْمَةً
لِلْعَالَمِينَ
Henteu
sapati pati kami ngutus ka anjeun hai Muhammad إِلاkajaba رَحْمَةً keur jadi ROHMAT لِلْعَالَمِينَ
keur samesta Alam. Subhanalloh
Ayat ieu ngabejakeun ka urang
sarerea bahwa nabi urang ete teh jadi
rohmat keur sakabeh Alam semesta,bahwa nabi urang من اعظم
الرحمة من الله للامة البشرية بل العالمينbahwa nabi
urang saiduna Muhammad SAW ete teh salasahiji NIKMAT PANGgedena anu Alloh
karuniakeun jadi rohmat lain wungkul umat manusia tapi keur alam semesta.
Nah ayena
ayat ieu urang gabungkeun jeung ayat anu tadi,ayat anu kahiji nyrioskeun umat
islam wajib bungah ku rohmat Alloh,ayat anu kadua ngayatakeun nabi Muhammad eta
teh jadi rohmat keur sakabeh Alam,
Hartina ku akal anu cerdas,ku elmu anu
mahi,ku talaranna alus,ku talaran anu saluyu jeung sareat berarti umat islam
wajib salawasna ngarasa bungah ku kalahiran rosululloh sebagai rohmat keur
sakabeh alam,jeung tong poho naon hubunganna jeung maulid,maulid ieu teh
salasahiji cara di antara mangrupa-rupa cara dina loba-loba cara sebagai naon ?تعبر عن الاطلاع
والسرور والبهجة والسعادة لوجود نبينا محمد صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ bahwa mieling maulid ieu mangrupakeun salasahiji
bentuk cara ngespresikeun,cara nuduhkeun,cara ngedalkeun,rasa bungah urang,rasa
resep urang ku ka hadiran nabi keur alam semesta ieu.
Jadi tong sangenahna ngomong bid’ah
dolalah, bid’ah dolalah, ke hela,urang aya
dalilna tina ayat al-quran oge dalil deui tina hadis nabi. Alhamdulillah.
Tuluy aya
anu nanya “ naon mangfa’atna nyieun acara
mauled ? maca sajarah nabi,emang maca sejarah mangfaat? Eta mah carita
bahela”?
Urang buka deui al-qurannul karim aya hiji ayat anu cukup penting masalah sajarah kumaha saur Alloh SWT paqola ta’ala SURAT 11. HUD 120
وَكُلا نَقُصُّ عَلَيْكَ مِنْ أَنْبَاءِ الرُّسُلِ مَا نُثَبِّتُ بِهِ فُؤَادَكَ
صدق الله العظيم
luar biasa,Alloh masihan terang nabi وَكُلا نَقُصُّ عَلَيْكَ مِنْ أَنْبَاءِ الرُّسُلِ jadi kabeh kami kisahkeun ka anjeun ya
Muhammad,kabehannan anu kami caritakeun dina al-quranul karim ka anjeun ya
Muhammad tina sakabeh carita para rosul bahela, keur naon eta kabehhan nana مَا نُثَبِّتُ
بِهِ فُؤَادَكَkabehan nana oge keur kami neguhkeun hate anjeun dina
perjuangan,keur kami kokohkeun semanget juang anjeun masya Alloh, hartina dina
ayat ieu Alloh negeskeun keur nabina oge keur urang sadayana bahwa sejarah
paranabi,sejarah para rosul,perlu di baca,perlu di kupas,keur ngokohkeun
semangat juang hiji jalma, nah lamun seg nabi anu jiwana anu geus kokoh, lamun
seg nabi anu jiwana anu semangatna henteu pernah parem Alloh masih caritakeun
sajarah para rosul,kumaha urang anu jiwana masih keneh lemah urang lewih butuh
tinimang nabi tentang cerita para rosul.eta anu ka hiji.
Anu kadua lamun sejarah para rosul
salinti nabi Muhammad eta penting Alloh caritakeun keur ngabangkitkeun semangat
juang tuluy kumaha kana sajarah saidul anbiya wal mursalin tuluy kumaha kana
sejarah afdolul basyar,khoirunnas.subhannalloh.lamun sejarah nabi jeung rosul
mampuh ngabangkitkeun semangat juang maka yakin lah maka sejarah nabi urang
sadayana saiduna Muhammad akan lewih mampuh keur ngokohkeun semangat juang
urang dina mela islam Alhamdulillah.
Makana lamun mauled dina pembukaan di
baca hela rowi, Aya anu protes naon rowi di baca-baca bahasa arab jalma kampung
henteu ngartieun,ka hamur-hamur waktu,,,ari rowi anu di baca eta teh lamun ku
urang di baca timimiti tepika ahir eta usina tiada lain dan tiada bukan eta teh
sejarah kahirupan nabi Muhammad SAW timimiti lahir dugika wafat anjeuna tuluy
naha make di jieun rowi ? lamun urang rek maca sajarah nabi eta kitabna puluhan
jilid bahkan aya ratusan kitab hiji kitabna kandel ribuan halaman lamun urang
rek maca eta kabeh tong boboraah anu bias bahasa arab anu bias oge loba anu
henteu boga waktu keur macana maka na para ulama salaf urang cerdas mikiran
kumaha cara umat anu henteu mumkin maca puluhan kitab tetep bias apal tentang
sejarah nabina ti mimiti lahir tepika wafatna, mimiti aranjeuna ringkeuskeun
eusi kitab anu puluhan kitab ratusan kitab ku runtuyan-runtuyan syair anu
indah,ringkeus di cokot anu penting-penting,di cokot anu poko-poko,
Jadi kitab
rowi anu ku urang baca eta mangrupakeun ringkesan sajarah nabi anu luar biasa.
Tuluy muncul pertanyaaan naha umat hayang maca ?
nah keur ngadorong umat ngarah daek maca akhirna sejerah anu di ringkeus tadi
di jieun dina runtuyan syair anu alus, coba tingali baca ku urang aya anu
ahirna dzal kabeh,aya anu ahirna mim kabeh tuluy di jieun kalimah anu
pondok-pondok supaya ngenaheun di baca ngenaheun di dengekeun babari di
apalkeun sahingga henteu jenuh jalma henteu bosen keur maca jeung
ngadengekeunna jeung ieu geus ka buktian lewih ti 1000 tahun umat maraca
ternyata umat henteu bosen keur macana.tuluy kumaha eta mah bahasa arab jalma
loba henteu ngarti lamun henteu ngarti ku bahasa arab tong nyalahkeun rowina
saha anu nitah henteu di ajar betul? Tong di salahkeun kitab rowina. Justru
kitab rowi di jieun ku bahasa arab supaya terdorong,termotifasi,keur semangat
belajar bahasa arab.ingsa Alloh.
Makana inti
tina mieling maulid maca sejarah nabi keurnaon? Keur ngabangkitkeun semangat
juang, ingsa Alloh. Kira kira ku ieu jelas henteu ? jelas henteu ?
Jadi keur
maranehna embung maulid henteu nanaon,tapi entong nyerang dulurna ,urang kudu
silih hormati,kudu silih hargaan ,lamun maranehna henteu puas hayang dialog
hayu urang dialog,anjeun hoyong make ayat al-quran hayu urang buka ayat
al-quran,anjeun hayang buka hadis nabi hayu urang buka hadis nabi anjeun hayang
make aqwal ulama salaf hayu urang buka aqwal ulama salaf kalawan sirah anu
tiis,hate anu tenang,suasana kekeluargaan,saling hormat sacara bijak ingsa
Alloh urang bakal menang jawabanna dina raraga ngajaga kesatuan jeung persatuan
umat islam, betul ?
“
Siap
bersatui henteu ? Siap bersatui henteu ? jadi simkuring ngawartosan maranehna
“musuh anjeun lain anu mauludan anu mauludan di serang-serang lamun hayang
nyerang serang kamungkaran,serang aliran
sesat “ tong nyerang anu maulid,
“Hayu urang serang babarengan kamungkaran
jeung aliran sesat”


Komentar
Posting Komentar