DUA MUTIARA PALUNG BERHARGA
2 mutiara anu paling berharga di alam dunia ieu sabab dua mutiara ieu alam semesta ku Alloh diciptakeun. Malahan demi dua mutiara ieu para Rusul diutus ku Alloh ka alam dunia, demi mutiara anu dua ieu Al-qur'an dilungsurkeun. 2 mutiara ieu nyaeta:
1. Elmu
2. Ibadah
Urang sarerea sebagai hamba Alloh ulah boga kasibukan kecuali sibuk ku dua perkara ilmu jeng ibadah. Diantara dua mutiara ieu nu paling utama adalah elmu. Sanajan nu jadi pokok tugas hirup adalah ibadah, tapi ibadah moal sah tanpa elmu. Maka elmu nu jadi pokok, amal ibadah mangrupakeun buah.
Alloh SWT ngadawuh dina Al-Qurán Surat Yunus ayat 5:
هُوَ الَّذِي جَعَلَ الشَّمْسَ ضِيَاءً وَالْقَمَرَ نُورًا وَقَدَّرَهُ مَنَازِلَ لِتَعْلَمُوا عَدَدَ السِّنِينَ وَالْحِسَابَ ۚ مَا خَلَقَ اللَّهُ ذَٰلِكَ إِلَّا بِالْحَقِّ ۚ يُفَصِّلُ الْآيَاتِ لِقَوْمٍ يَعْلَمُونَ
"Alloh Dzat anu ngajadikeun panon poe sebagai sumber cahaya jeung ngajadikeun bulan anu bersinar. Alloh nakdirkeun pikeun bulan kana pirang-pirang manzilah supaya maraneh kabeh nyaraho kana bilangan pirang-pirang tahun jeung kana perhitungan".(Q.S. Yunus:05)
Surat Ad-dzariyat ayat 56:
وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ
"Kami teu nyiptakeun ka Jin jeung Manusa kajaba pikeun ibadah ka kami".(Q.S.ad-dzariyat:56)
Dua ayat ieu ngajelaskeun 2 mutiara anu sangat berharga anu teu menang aya kasibukan kajaba pikeun 2 anu tadi. Anu jadi tugas umat manusia sebagai sutradara di alam dunia ieu, manusia nu boga lalakon nu di angkat ku Alloh jadi kholifah dina kehidupan alam dunia ieu, lianti manusia lir ibarat peran pembantu. Nu kudu diteangan, nu kudu di jieun kacape jeung kabingung di dunia ieu teu aya deui kecuali dua perkara tadi, nyaeta elmu jeung ibadah. Lianti elmu jeung ibadah eta kabeh sia-sia sadayana batil, teu aya nilai kabaikanana dipayuneun Alloh.
Ilmu jeung ibadah disebatna dzikrulloh (eling ka gusti Alloh). Rosululloh saw ngajelaskeun bahwa seluruh kagiatan di dunya bahkan jeung eusi-eusina, oge segala kesibukan di alam dunia teu aya nilai kaalusanna, teu aya dina rahmat Alloh swt kecuali kegiatan dzikrulloh. Dina hadistna :
الدُّنْيَا مَلْعُوْنَةٌ. مَلْعُوْنٌ مَنْ فِيْهَا إِلَّا عَالِمًا أَوْ مُتَعَلِّمًا أَوْ ذِكْرُ اللهِ وَمَا وَلَاهُ
"Ari dunya jeung sakabeh eusina ieu dilaknat ku Alloh diputuskeun tina rahmat Alloh, dibenci ku Alloh, baik itu bendana atanapi kegiatan hiruk pikuk nu dilakukeun di dunia ieu, kecuali kegitan dzikir ka Alloh."
Di antara dzikir ka Alloh nyaeta tholabul ilmi sarta kegiatan ibadah jeung ngabdikeun diri ka Alloh swt. Berarti seluruh kegiatan lianti kegiatan nu tadi, sadayana aya dina laknat Alloh swt.
Kegiatan-kegiatan di luar dzikir ka Alloh eta bisa jadi bebas tina laknat Alloh, lamun eta kegiatan dijadikeun sarana anu ngabantu kana suksesna dzikir ka Alloh. Saperti kegiatan maculna petani teh teu aya dina rahmat Alloh, kecuali manakala tanina boga niat demi kalancaran tholabul ilmi sareng ibadah ka Alloh. Kegiatan dagang di pasar teu aya nilai baikna di hadapan Alloh swt kecuali manakala kegiatan dagangna diniatan pikeun suksesna tholabul ilmi jeung demi ngabantu lancarna ibadah ka Alloh. Kakara lamun dagang jeung harta benda anu aya di alam dunia manakala ngait kana dua mutiara tadi, maka bakal bebas tina laknat Alloh. sabalikna lamun teu ngait kana dua mutiara eta, saperti neangan harta kekayaan boh lewat tani, dagang, atawa kasab nu sejenna. Lamun demi kebahagiaan dunia teu aya patali sareng kagiatan dzikir ka Alloh dina hate, maka eta teu aya nilai baik di hadapan Alloh. Teu kurang teu lewih kahirupan dunya ngan sakadar ulin-ulinan jeung hereuy-heureuyan anu teu aya hikmah jeung manfaat naon-naon.
Pokokna seluruh aktivitas kudu ngait kana dua mutiara tadi walaupun teu langsung, lain ngan sakadar neangan nafkah, tapi sarena, daharna, istirahatna eta kabeh kudu dikaitkeun pikeun ibadah ka Alloh. Seperti sare peting ba’da Isya niatan supaya jag-jag pikeun ngalaksnakeun ibadah ka Alloh dina waktu janari ngalaksanakeun solat subuh anu tanginas. Insya Alloh sarena eta bakal dibere pahala seperti pahala solat. Sare jeung dahar nu dikaitkeun demi kalancaran solat jeung ibadah eta bisa berhukum wajib, bakal dibere pahala seperti pahala wajib, sabab aya katerangan dina qoidah fiqih للوسائل حكم المقاصد.
Pikeun sesuatu perkara anu jadi washilah, jadi sarana eta dibere vonis hukum seperti hukum pamaksudan eta perkara. Saperti pamaksudanana solat, sarana pikeun kalancaran solat kudu dahar, moal bisa dahar kecuali kudu neangan rezeki lewat tani, dagang atawa buburuh, maka tani buburuh jeung dagangna anu diniatan pikeun suksesna ibadah jeung tholabul ilmi pahalana seperti pahala solat, ibadah jeung tholabul ilmi. lamun tholabul ilmina atawa ibadahna hukumna wajib, maka sarana nu ngabantu kalancaran nu dua tadi boga nilai pahala wajib.
Kulantaran kitu urang sadaya selaku Muslimin kudu waspada kana tugas nu dipaparin ku Alloh di alam dunia ieu, nyaeta tugas tholabul ilmi sareung tugas ibadah. Sakumaha pidawuh Alloh dina surat al-Bayyinah ayat 5 :
وما امروا الا ليعبدوا الله مخلصين له الدين
“Teu-pati pati dipartentah manusa kecuali pikeun ibadah ka Alloh”. (Q.S.al-Bayyinah:05)
Digelarkeun ka alam dunya lain pikeun neangan rizki, sakumaha pidawuh Alloh dina surat ad-Dzariyat ayat 6 :
مَا أُرِيدُ مِنْهُمْ مِنْ رِزْقٍ وَمَا أُرِيدُ أَنْ يُطْعِمُونِ
“Kami teu ngharep ti maraneh kabeh kana rizki jeung kami teu ngaharep ti maraneh kabeh manusa pikeun mere dahar ka kami, bahkan kami nu mere dahar ka maraneh kabeh”. (Q.S.ad-Dzariyat:06)
Tapi harapan Alloh ti urang sadayana adalah sungguh-sungguh dina tholabul ilmi sareung ngamalkeun elmu, buktina dina prakna ibadah bakti ka Alloh. Elmu sareung ibadah walaupun pokok hirup nyaeta ibadah, tapi upama dibanding-banding nilai harga dihadapan Alloh, bernilai keneh mutiara elmu tinimbang mutiara ibadah, dugika nabi Muhammad ngadawuh :
فَضْلُ الْعَالِمِ عَلَى العَابِدِ كَفَضْلِيْ عَلَى أَدْنَاكُمْ
“Kautamaan jalma nu berelmu dibanding tukang ibadah teu beda seperti kautamaaan kami jeung antara pang rendah-rendahna diantara aranjeun kabeh ti umat kami”.
Lamun dibahasakeun, jauh tanah kalangit antara darajat Rosul jeung pang rendahna umat Rosul. Nyakitu deui darajat jalma alim jeung tukang ibadah luhur keneh darajat alim, margi ari elmu mangrupakeun tangkal, ibadah mangrupakeun buah. Mulia keneh tangkal dari pada buahna, ngan pinangtos dua perkara ieu teh teu tiasa di pisahkeun, teu kena-kena utama keneh ilmu nepika bebeakan neangan elmu sehingga poho ibadah ka Alloh. Elmu tanpa amal teu beda seperti tangkal tanpa buah, aya kamanfaatanana tina tangkal manakala tangkal eta berbuah. Tangkal tanpa buah teu aya manfaatna, nyakitu deui jalma alim teu ngamalkeun kana elmuna naudzubillahimindalik.
Saur Ibnu Ruslan:
فَـعَــالِــمٌ بِـعِـلْـمِــهِ لَــــــمْ يـَعْـمَــلَــنْ مُـعَــذَّبٌ مِنْ قَـبْــلِ عُـبَّــادِ الــوَثَــنْ. وَكُـــلُّ مَـنْ بِـغَـيْرِ عِلْم يـَعْـمَــلُ أَعْــمَــالُــهُ مَـرْدُوْدَةٌ لَا تُــقْــبَـــلُ
“Setiap manusa nu teu ngamalkeun kana elmuna bakal disiksa samemeh penyembah berhala, nyakitu deui ibadah moal bisa lepas tina elmu, ibadah teu jeung elmuna moal ditarima”.
Jadi elmu kudu dibarengan ku amal tegesna ibadah. Ibadah oge kudu dibarengan ku elmu. Paling henteu tina pangarti anu aya, saper sapuluhna kudu kaamalkeun saperti solat duha 8 rokaat laksanakeun paling henteu 2 rokaat, solat witir 11 rokaat laksanakeun paling henteu 3 rokaat. Saper sapuluh teh itung-itung zakat nu di kaluarkeun, saperti urang gaduh harta kakayaan upama hasil panen sa-ton, lamun eweuh nu dikaluarkeun maka sakabehna bakal ruksak, tapi lamun sakintal dikaluarkeun, dibagikeun ka faqir miskin, tah nu 9 kintal didahar teh bersih. Elmu ge kitu, supaya teu kaasup kana jalma nu teu ngamalkeun elmu, maka paling henteu saper sapuluh kudu diamalkeun.


Komentar
Posting Komentar