ISLAM AGAMA DAMAI



ISLAM AGAMA DAMAI

 

Bismillaah wal Hamdulillaah ...
Wa Laa Haula Wa Laa Quwwata illaa Billaah ...

1.Dina Segi Ma’na Kata

Islam teh tina lafad aslama yuslimu islaman eta hartina nyerahkeun diri,masrahkeun diri ka Alloh
Atawa tina salima yaslamu silman hartina salamet,damai salam salaman atawa di sebut salim atawa saliim jelemana di sebut muslim ieu sakabeh harti mere pamahaman ka urang bahwa islam boga ma’na nyerahkeun diri ka Alloh,damai,tentram,selamat,nyaman aman eta ma’na islam. Dina ma’na kata geus anti teroris

2 Tina Segi Isi Ajaran

NABI MUHAMMAD SAWANU MAWAJEUNGNYEBARKEUN RAHMAT

Dina QS.21.Al-Anbiya : 107, Allah SWT ngayatakeun ka Nabi Muhammad SAW :

ومآأرسلناك إلا رحمة للعالمين 
"Jeunghanteu pati-pati Kamingutus anjeun, kajabakeur (jadi) RAHMAT keur sakabeh alam".
                 
Rasulullah SAW eta teh RAHMAT ti Allah SWT keur Sakabeh Alam anungaliputan alam Manusia, Malaikat, Jin, Hewan jeung Tumbuhan , sarta sakabeheusi Langit jeung Bumi.
                          
Karena eta,Lamun Syariat Nabi Muhammad SAW dilaksanakeun kalawanhade jeung diterapkeun sakumaha mestina, maka tong boboraah manusa, bahkan sato jeung tatangkalanogemoal pernahkazalimi.

ISLAM AGAMA KEDAMAIAN

Islam eta teh agama Cinta jeungNyaahDeudeuh. Ajaran Islam kacidangadorong usahanyiptakeun kadamaian jeung kaamanan sarta kenyamanan hirup keursakabeh umat manusa.

Diriwayatkeun dina Shahih Bukhari hadits ka-2.966 jeung Shahih Muslim hadits ka-3.276,anu sumbernati Abdullah b Abi Aufa RA, bahwa Rasulullah SAW di tengah istirahat dina perjalanan mulangti hiji Misi Jihad,ceramah di payuneun para Shahabatna, rodhiyallaahu 'anhum :

"يا أيها الناس لاتتمنوا لقاء العدو ، واسألوا الله العافية . فإذا لقيتموهم فاصبروا ، واعلموا أن الجنة تحت ظلال السيوف ".

"Wahai manusia, Ulah anjeun ngabayang-bayang hayangpapanggihjeung musuh, tapi kudu menta ka Allah katenangan / kasalametan. Namunglamun anjeunkagokmanggihan maranehna (musuh), maka kudu sabar (tegar pantang mundur).Jeung kudu apalsaenyana Surga eta aya di handapeun kilatan pedang."

Tina HADITS SHAHIH di luhur kacida jelas pisan bahwa Rasulullah SAW ngajarkeun : Ulahnyiptakeun perang, tapi nyiptakeun tenang.Ulahneangan lawan, tapi neangan kawan. Ulah nyieun karusuhan, tapi kudu nyieun kadamaian. KAJABA, lamun musuh hanteu diteangan tapi datang sorangan,jeung musuh hanteu diundang tapi datang nyerang, maka umat Islam wajib ngalawanjeung haram lumpat kabur. Jeung saenyana Surga ngadagoanmaraneh anuku sabar jeung tegar mela agama Islam sacara ikhlas karena Allah SWT.

Karena  eta, umat nu boga agamanaon wae bisa  hirup aman jeung nyaman di tengah umat Islam, salila maranehna jadi warga anubageurjeunghanteu ngaganggu umat Islam.

HUBUNGAN ANTARA MANUSA

Dina QS.49.Al-Hujuraat : 13, Allah SWT ngadawuh :

يَا أَيُّهَا النَّاسُ إِنَّا خَلَقْنَاكُم مِّن ذَكَرٍ وَأُنثَىٰ وَجَعَلْنَاكُمْ شُعُوبًا وَقَبَائِلَ لِتَعَارَفُوا إِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِندَ اللَّهِ أَتْقَاكُمْ إِنَّ اللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٌ
                                           
"Yeuh manusa, saestuna Kami geus nyiptakeun anjeunti saurang laki-laki jeung saurangawewejeung jeung ngajadikeun anjeun berbangsa-bangsa jeung bersuku-suku supaya anjeun silih pikawanoh. Saestunajalmaanupangmulya-mulyana mungguhing Alla mulia diantara anjeun disisi Allah nyaetajalma anu paling takwa diantara anjeun. Saeunyana Allah Maha Uningaoge Maha Ningali."

ku ayat ieu jelas bahwa Islam nganjurkeun supaya umat manusa ti segala suku jeung bangsa supaya silih pikawanoh, lain silih musuhan. Namungdina waktu anu sarua Islam tetep ngingetan bahwa manusa paling muliamungguh Allah SWT nyaetaanu paling taqwa.
10 PILAR TOLERANSI
Jeung dina raraga ngajaga kaharmonisan hubungan antara umat manusa, naon wae agamana, maka Islam geusNendeunhanteu kurang ti 10 (sapuluh) PILAR TOLERANSI, nyaeta :

1. Hanteu menang aya nyampur-adukeun agama Islam jeung agama naon wae.Q.S.2. AL BAQARAH 42
وَلا تَلْبِسُوا الْحَقَّ بِالْبَاطِلِ وَتَكْتُمُوا الْحَقَّ وَأَنْتُمْ تَعْلَمُونَ

2. Hanteu menang aya paksaan ka saha wae oge keur asup kana agama Islam. Q.S.2. AL BAQARAH 256
                                                                  لا إِكْرَاهَ فِي الدِّينِ
3. Kawajiban DA'WAH kalawan Hikmah jeung Mau'izhoh Hasanah sarta Dialog ku cara pang alusna, tanpa mohokeun kawajiban HISBAH kalawan tegas jeung JIHAD kalawan keras saluyu jeung  aturan Syariat Islam.
Q.S. 16. AN NAHL 125 :
ادْعُ إِلَى سَبِيلِ رَبِّكَ بِالْحِكْمَةِ وَالْمَوْعِظَةِ الْحَسَنَةِ وَجَادِلْهُمْ بِالَّتِي هِيَ أَحْسَنُ
4. Hanteu aya larangan laku hadejeungboga sikap adil ka umat agama Sejen.
Q.S.60.AL MUMTAHANAH 8 :
لا يَنْهَاكُمُ اللَّهُ عَنِ الَّذِينَ لَمْ يُقَاتِلُوكُمْ فِي الدِّينِ وَلَمْ يُخْرِجُوكُمْ مِنْ دِيَارِكُمْ أَنْ تَبَرُّوهُمْ وَتُقْسِطُوا إِلَيْهِمْ إِنَّ اللَّهَ يُحِبُّ الْمُقْسِطِينَ
5. Hanteu aya larangan  migawe mu'amalah dina urusan sosial ekonomi kamasyarakatanJeung jalma di luar Islam.
كان النبي صلي الله عليه و سلم و الصحابة رضي الله عنهم يقومون بالمعاملات مع الكافرين
6. Hanteu aya larangan ngamanfaatkeun tenaga non muslim keur kamaslahatan umat Islam.
كان النبي صلي الله عليه و سلم يستعملون الكفار في خدمة الاسلام
7. Kawajiban negakkeun Kaadilan keur sakabeh umat manusa.
 Q.S.AN NISA 58,AN NAHL 90,AL HUJURAT 9                                                  
ان الله يأمر بالعدل والاحسان و إيتائ ذى القربى وينهى عن الفهشاء والمنكر والبغيى يعظوكم لعلكم تدكرون
8. Larangan laku Zhalim ka Manusa atawa ka sato jeung tatangkalan.
Q.S.2. AL BAQARAH279
لا تَظْلِمُونَ وَلا تُظْلَمُونَ
9.Larangan nyawad jeung nyarekan sarta ngahina jeung ngotoran hiji agama, kaasup ngaganggu atawa ngahalangan ibadah hiji umat nu boga agama.Q.S. 6. ALAN'AAM 108
وَلا تَسُبُّوا الَّذِينَ يَدْعُونَ مِنْ دُونِ اللَّهِ فَيَسُبُّوا اللَّهَ عَدْوًا بِغَيْرِ عِلْمٍ
10. Kawajiban negakkeun Akhlaq Karimah sok sanajan dina situasi perang ngalawan Kafir.
انما بعثت لاتمم مكارم الاخلاق

BATESAN TOLERANSI
Di sisi urang perlu apal jeung faham10 (sapuluh) Pilar Toleransi, maka urangkudu ogemencrong Batesan Toleransi yang hanteumeunang dilanggar ku unggal, nyaeta :

A. Ulahnyampurkeun aduk Ibadah / Aqidah, antara lain :
              
1 Tong sakali kali - ngomongkeun sakabeh agama saruajeung bener.

2. Tong sakali kali muji atawa mela kesesatan agama di luar Islam.

3. Tong asup katempat ibadah agama lain keurmilu kagiatan  kaagamaanna.

4.Ulah pipilueun ngarayakeun Hari Raya agama sejen, sanajan wungkulsaksakedar ngucapkeun salamat.

5. Ulahngagelar Doa Bababareunganjeung Kafir, sehingga muslim ngaminanDDoa Kafir ka Pangeranna
  
B. Ulah campur aduk Syariah / Hukum, diantarana :

1. Ulahngalakukeunkawin Islam jeung Kafir.

2. Ulah ayasilih warisan antara Muslim jeung Kafir.

3. Ulahngajadikeun Kafir salaku Pamimpin keur umat Islam di negeri-negeri mumuslim

4. Lamun bermu'amalah jeung Kafir, maka Ulah sekali-kali terlibat jeung Riba ataatawa perkarasejendiharamkeun dina Syariat Islam.

 5. Ulah sakali-kali nulungan jalma  Kafir keur menzholimi Muslim ku alesan
onnaon wae oge.

Ku kituna, Toleransi dina ajaran Islam yaa batasan anuhenteu  dilanggar, sahinggahanteu kabablasan.

Hayu... , UrangWangun Toleransi Anu Syar'i !


Komentar

Postingan populer dari blog ini

NADZOM KALIMAH TAUHID

AL – QURANUL KARIM ETA TEH IMAM URANG SADAYANA

NGABEDAKEUN PERBEDAAN JEUNG PENYIMPANGAN DINA AJARAN ISLAM

Radio Online

Radio Dakwatul Musthofa Lumajang | Radioonline.co.id