LGBT DINA HUKUM ISLAM

A'uudzu Billaah ...

Laa Haula wa Laa Quwwata illaa Billaah ...
Astaghfirullaah ...
Wa Atuubu ilallaah ...

Dina pasoalan LGBT sikep Islam kacida jelas jeung caang pisan seperti cahaya Panon poe.

Dina ajaran Islam, bahwa BANCI kabagi dua, nyaeta : ASLI jeung PALSU, anu masing-masing boga hukum sorangan.

BANCI ASLI

Ari BANCI ASLI nyaeta manusa anu ngabogaan dua alat kelamin. Dina Fiqih Islam geus aya katangtuan hukumna, nyaeta :

Lamun sacara biologis condong kana lalakina lewih kuat, maka eta jalma di hukuman lalaki. Saperti, alat kelamin lalakina bogafungsi kalawan alus jeung hanteu ngabogaan rahim, sedeng alat kelamin awewena hanteu bogafungsi. Jeung eta jalma di menangkeun operasi keur nutupan/ ngewehkeun alat kelamin awewena ngarah jadi lalaki sampurna.

Lamun sacara biologis condong kana awewena lewih kuat, maka eta jalma di hukuman awewe. Seperti, alat kelamin awewena bogafungsi kalawan alus jeung ngabogaan rahim, sedeng alat kelamin lalakina hanteu bogafungsi. Jeung eta jalma meunang operasi keurmiceun / ngeweuhkeun alat kelamin lalakina ngarah jadi awewe sampurna.

Lamun sacara biologis condong kana lalaki jeung awewe sarua kuat atawa hese di bedakeun, maka kudu dipariksa sacara medis ku Ahlinya, tuluy di fatwakeun ku Ulama ngaliwatan kajian syar'i, satuluyna diputuskeun ku Hakim via pengadilan. Kakara sanggeus eta dicokot tindakan operasi saluyu jeung kaputusan pangadilan berdasarkeun pendapat Ahli Medis jeung Fatwa Ulama.

Tah, BANCI ASLI "anu can diputuskeun" salaku lalaki atawa awewe, maka status hukumna di antara lalaki jeung awewe, di antarana :

Dina Shalat berjama'ah eta jalma hanteu menang ngimaman lalaki, namung eta jalma hanteu menang di imaman ku awewe. Jadi, Banci Asli lamun shalat berjama'ah babareungan jeung lalaki kudu jadi Makmum, sedeng lamun shalat berjama'ah babareungan jeung awewe Imam.

Dina ilmu waris Islam, bagian Banci Asli di itung ku dua kamungkinan, nyaeta: itungan salaku Lalaki jeung Itungan salaku Awewe. Tuluy tina hasil itungan dibere bagian anu pangleutikna, sesana disimpeun hingga jelas kaputusan jenis kelaminna.

Dina soal aurat,eta jalma di hukuman sarua jeung aurat awewe, karena lewih "ihtiyaath", sahingga eta jalma kudu make hijab (jilbab) waktu pahareup-hareup jeung anu lain mahramna.

BENCONG JAJADIAN

BENCONG JAJADIAN hanteu ngabogaan dua alat kelamin, tapi mangrupakeun pasoalan phsycologis anu nyebabkeun "GANGGUAN JIWA", sahingga kajadian penyimpangan orientasi seksual.

BENCONG JAJADIAN ieu anu di sebut LGBT, nyaeta singkatan tina Lesbian, Gay, Bisex jeung Transgender.

Lesbian nyaeta orientasi seksual hiji Awewe anu wungkul boga hasrat sasama Awewe.

Gay nyaeta orientasi seksual hiji Lalaki anu wungkul bogahasrat sasama Pria.

Bisex ialah orientasi seksual hiji awewe anu mikareseup ka awewe oge ka Lalaki. 

Transgender ialah orientasi seksual hiji Lalaki anu mikareseup ka Lalaki oge ka Awewe. 

HARAM JEUNG DILAKNAT

Al-Qur'an surat An-Nisaa : 15 - 16, Al-A'raaf : 80 - 84, Hud : 77 - 82, jeung Al-'Ankabut : 28 - 35, ditambah ku rupa-rupa hadits anu diriwayatkeun At-Tirmidzi, Abu Daud, Ibnu Maajah, Al-Hakim jeung Al-Baihaqi, sarta nu sejenna, sacara tegas MENGHARAMKAN HUBUNGAN SAJENIS, boh Homo atawa Lesbi.

Karenaeta, Ulama sakabeh Madzhab Islam ti baheula teupika ayeuna geus sepakat (IJMA') dina haramna LGBT.

Dina sajarah Nabi Luth AS, anu ngalakukeun Homo jeung Lesbi DIAZAB ku Allah SWT ku HUJAN BATU anu bangeut dahsyat jeung dihancurkeun sahancur-hancurna. Jeung di zaman Nabi Muhammad SAW aya parentah HUKUM MATI keur anu sok Sodomi.

Salianti eta, Nabi SAW Ngalaknat Lalaki anu nyarupaan ka Awewe, jeung oge sabalikna ngalaknat Awewe anu nyarupaan ka Lalaki, sakumaha diriwayatkeun ku Imam Ahmad jeung Ibnu Majah.

Jadi, BENCONG JAJADIAN hanteu bisa jeung hanteu meunang di saruakeun jeung Banci Asli.

BENCONG JAJADIAN eta teh Banci Palsu, anu berang bisa ngarana Wawan, tuluy peuting jadi Wati, atawa berang di panggil Tono tuluy peuting disebut Tini, jeung saterusna.

Bencong Jajadian hukumna dina Islam eta teh HARAM, jeung anu ngalakukeunna DILAKNAT ku Allah SWT jeung Rasulullah SAW.

Hasbunallaahu wa Ni'mal Wakiil ...

Ni'mal Maulaa wa Ni'man Nashiir ...

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NADZOM KALIMAH TAUHID

AL – QURANUL KARIM ETA TEH IMAM URANG SADAYANA

NGABEDAKEUN PERBEDAAN JEUNG PENYIMPANGAN DINA AJARAN ISLAM

Radio Online

Radio Dakwatul Musthofa Lumajang | Radioonline.co.id