SIKAP NABI MUHAMMAD SAW : PERBEDAAN DAN PENODAAN AGAMA ( Bahasa Sunda )



 SIKEP NABI MUHAMMAD SAW KA JALMA NU BEDA AGAMA & KA NU NGOTORAN AGAMA

بسم الله والحَمْد لله، ولا حول ولا قوة إلا بالله أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ لا شَرِيكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سيدنا مُحَمَّدًا عبْدُه ورَسُولُه لا نبي بعده.
اَللَّهُمَّ صَلِّى و سلم وبارك عَلَى
سيدنا وَحَبِيْيِنَا وَشَفِيْعِنَا وَمَوْلَانَا نبينا مُحَمَّدٍ  عَلَى اَلِهِ الطاهرين الطايبين وَأَصْحَابِهِ الغرالميمين وَمَنْ تَبِعَهم باحسان الى يوم الدين,احباء الكرام اوصيكم جميعا و نفسى بتقوى الله وبطاعة رسول الله صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ
فنسأل الله سبحانه و تعالى ان يهدينا الى صراطه المستقيم و يجعلنا من المتقين و يدخلنا جنته جنة نعيم بحق سيد المرسلين والحَمْد لله رب العالمين
تقبل الله منا ومنكم فتقبل ياكريم   

Dina kesempatan ieu simkuring bade ngajak hela naon anu di pidameul ku Nabi urang sadayana ka anu BEDA AGAMA jeung kumaha sikep Nabi ka anu NGAHINA,NGOTORAN AGAMA jadi sakali deui aya nu BEDA AGAMA aya penoda agama /jalma anu NGOTORAN AGAMA ieu dua perkara anu beda,ayena kumaha urang sadayana mun hayang apal kumaha cara urang sadayana nyanghareupan anu beda agama atawa nyanghareupan nu ngotoran agama, maka contoh anu pang alusna nyaeta nabi urang sadayana saiduna Muhammad SAW. naha ? Karena Alloh ngadawuhkeun dina Al-quranul karim Q.S Al- Ahzab : 21 paqola ta’ala :

 لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِي رَسُولِ اللَّهِ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِمَنْ كَانَ يَرْجُو اللَّهَ وَالْيَوْمَ الآخِرَ وَذَكَرَ اللَّهَ كَثِيرًا

صدق الله العظيم Jadi urang teu ragu deui lamun Nabi urang sadayana teh uswatun hasanah, anjeuna qudwatun solihah anjeuna contoeun pangalusna ku kituna yu urang ngaji sakeudung kumaha uswah hasanah anu di pasihkeun nabi ka urang sadayana dina nyangharepan perbedaan agama jeung oge kumaha uswah  anu anjeuna pasihkeun dina nyang harepan nu ngotoran agama.

1.SIKAP NABI MUHAMMAD SAW KA ANU BEDA AGAMA.

Uarng mimitian ti anu kahiji lamun urang muka sajarah kahirupan Nabi urang sadayana saiduna Muhammad,lamun urang muka lembaran sejarah anjeuna maka urang manggihan Nabi nalika jumenengna bermasarakat,bertetangga jeung jalma-jalma di luar islam tatanggana kaom nasrani,tatanggana bermasarakat jeung  kaom yahudi bermasarakat jeung maranehna anu aya di luar islam jeung ternyata dina sajarah kahirupan Nabi urang manggihan kumaha nabi ngayakeun transaksi jual meli jeung jalma-jalma kafir,kumaha anjeuna ngayakeun transaksi utang piutang jeung jalma kafir,kumaha mantena pernah teu kagok-kagok mere duit jeung dahar ka jalma kafir anu kalaparan jeung ngabutuhkeun bantuanna.
Jadi urang manggihan dina kahirupan Nabi kumaha perbedaan agama teu matak jadi hahalang keur Nabi keur nyiptakeun kahirupan anu damai pinuh teroransi di tengah masarakat sok sanajan maranehna beda agamana Alhamdulillah , teu tepi kadinya, Bahkan urang manggihan oge kumaha Nabi salila jumenengna can pernah Nabi maksa ka jalma-jalma kafir keur asup agama islam, Nabi can pernah ngajebak,Nabi can pernah nipu,Nabi can pernah migawe cara-cara licik keur ngjebak  jalma kafir supaya asup kana ajaran islam. Naha ? karena eta Alloh ngadidik jeung ngabingbing manteuna  karna eta Alloh ngadawuh Q.S.2. AL BAQARAH 256  ka nabi-Na tercinta saiduna Muhammad SW dimana Alloh nganyatakeun Ka Nabi. :
  لا اكره فى الدين
 Teu aya paksaan keur asup kana Agama Islam .
Jeung bener-bener ieu Nabi amalkeun,bener-bener nabi jaga teu aya hiji jalma kafir oge anu di paksa asup kana agama islam.
Lamun urang ninggali kumaha di sabuderun urang sarerea aya hiji kelompok umat nu boga agama ku dikanyahokeun ku gegeden-gegeden agamana teu kalawan boga ka era ngalakukeun program keur ngamurtadkeun umat islam ku cara-cara anu licik di antarana maranehna ngalakukeun program hamilisasi ,lamun ceuk orang bandung mah ngarenehanisasi apal teu ngarenehanisasi ? ngarenehan budak awewe batur, maksudna naon ayena pisan pemuda-pemuda kafir ti kelompok agama eta teh asup ka kampung-kampung maranehna neangan awewe parawan muslimah maranehna apal lamun maranehna ngalamar/nanyaan pasti lamaranna di tolak karana masarakat muslim anu hirup di pakampungan apal lamun anak-anak maranehna teu menang kawin kajaba jeung jalma islam,maranehna apal lamun ngalamar pasti di tolak lamun menta pasti moal dibere karena eta maranehna make cara-cara anu licik kumaha carana bias ngawin maka carana renehan hela,dekeutan budak awewena, olo, rayu, renehan lamuin geus hamil,loba umat islam anu kapaksa ngawinkeun sedengkeun nikahna teu sah ngawinkeun budak awewe umat islam ka jalma di luar islam harom tapi karena nutupan ka era kapaksa lamun teamah eweh anu daekeun ngawinkeun kapaksa di bawa kabur ku si kapir tadi di kawinkeun ku cara agama kapir tadi,ieu anu ku simkuring maksud program hamilisasi,

Ngarenehanisasi simkuring naros cara-cara kitu licik henteu ? jahat henteu ? rujit henteu ? simkuring ayena naros naha dina ajaran islam menang nglakukeun hamilisasi ka agama sejeun ngarah asup kana agama islam ? menang henteu ? naha aya kiyai ngajarkeun santrina ,hai para santri renehan orang keristen ngarah engke asup agama islam,menang henteu ?2x lamun aya kiyai ngajarkeun  kiyai sesat kiyai edan,eta kiyai Edan sableng.
Teu aya dina islam kitu ,Naha teu aya ? karena islam teu ngaridoan cara-cara najis,cara-cara kotor,cara-cara rujit,cara-cara licik jeung jahat keur nyokot batur ngarah asup agama islam.teu menang , jadi simkuring naros ka sadayana anu hadir didieu lamun kitu agama islam indah henteu ? mulia henteu ? suci henteu ? senang henteu jadi orang islam ? syukur henteu jadi orang islam ? Alhamdulillahi robil alamin
Tah kitu Nabi ngajarkeun ka urang sadayana kumaha cara nyanghareupan agama sejen, bahkan dina ayat anu sejen Alloh Q.S.2. AL BAQARAH 42 ngayatakeun ka nabina pakola ta’ala

وَلا تَسُبُّوا الَّذِينَ يَدْعُونَ مِنْ دُونِ اللَّهِ فَيَسُبُّوا اللَّهَ عَدْوًا بِغَيْرِ عِلْمٍ

صدق الله العظيم Naon anu ku Alloh carioskeun ka Nabi :
 وَلا تَسُبُّوا   tong sakali-kali anjeun moyok,anjeun hina anjeun nyacimaki”

Ka saha ?
 الَّذِينَ يَدْعُونَ مِنْ دُونِ اللَّهِ maranehna anu ibadah ka salianti,ngado’a ka salianti Alloh,anu nyembah ka salianti Alloh “

Teu menang,kunaon ?
 فَيَسُبُّوا اللَّهَlamun anjeun ngahina agama maranehna, pangeran maranehna,maranehna bakal ngahina Alloh.Subhanalloh.

Alloh teu merean urang ngahina agama sejen.! makana urang tinggali kumaha urang boga Nabi salami jumenengna manteuna can pernah mencai maki agama sejen,mantena can pernah mencaci maki pangeran anu di sembah agama sejen,mantena henteu pernah mencaci maki jalma-jalma di luar islam. Allhamdulillah.

Simkuring bde naros sakali deui Ahlak Nabi mulia henteu ? suci henteu  ? luhur henteu ? agung henteu ? solu alaNabi!!

Maysa Alloh tah kitu nabi urang mah,kumaha nabi memperlakukeun anu beda agama Alhamdulillah.

Bahkan dina hiji kesempatan Nabi Muhammad SAW dadawuh dimana manteuna nganyatakeun ka umatna :

 "مَنْ أَذَى ذِمِيُّا فَاَنَا خَصْمُهُ خَصَمْتُهً يَوْمَ الْقِيَامَةِ

Saha jalma ti umat islam aya anu coba-coba ngayeyeri,ngaganggu jalma-jalma kafir dzimmi. Saha eta kafir dzimmi ? jalama kafir anu hirup di negri islam babarengan jeung orang islam nuturkeun pelaturan anu aya teu ngaganggu umat islam maka nabi nyarioskeun “saha jalma umat islam aya anu ngayeyeri orang kafir dzimmi anu aya teu ngaganggu umat islam فَاَنَا خَصْمُه ُabdi bakal jadi musuh eta jalma خَصَمْتُهً يَوْمَ الْقِيَامَةِ abdi bakal ngamusuhan eta jalma di poe kiyamat.masya Alloh,

Henteu Aya hiji agama oge di luhurun bumi ieu anu boga teroransi antara umat nu boga agama anu seperti di ajarkeun di islam! Henteu Aya kumaha henteu rongkah Nabi ngancam umatna sorangan lamun coba-coba ngaganggu umat beragama sejen,

Maka lamun kitu simkuring naros sakali deui lamun kitu urang boga Nabi Ahlaqna mulia henteu ? luhur hentau ? agung henteu ? solu alaNabi. Bangga henteu boga nabi Muhammad ? bersyukur henteu gaduh nabi muhammd ? solu alaNabi. Alhamdulillah

Jadi kasimpulanna bahwa nabi ngajarkeun urang sadayana bisa ngahargan perbedaan antara umat beragama,ngahargan lain berarti ngabenerkeun agama sejen lain! Teu menang urang benerkeun ajaran di luar islam kabeh oge salah kabeh oge mengkol anu bener wungkul islam إِنَّ الدِّينَ عِنْدَ اللَّهِ الإسْلام

Jadi ngahargaan didieu lain ngahargaan ajaranna lain ka sesatanna lain ngahargaan ka musrikanna lain ngahargaan salahna jeung mengkolna ,LAIN,tapi ngahargaan pedah sarua manusia anu boga haq nangtukeun jalan hirup jeung manehna anu bakal nanggung jawab anu dipilihna.leres ?

Ayena simkuring bade naros deui lamun kitu islam boga teroransi henteu ? ngahargaan antara umat beragama henteu ? menang henteu urang ngaganggu agama sejen? Menang henteu nyaci maki maranehan nana ? menang henteu ngagunasika maranehan nana ? menang henteu ngahina maranehan nana ? menang henteu ngaganggu maranehan nana ? takbir !
Tah kitu ajaran Nabi urang sadayana tentang perbedaan agama kira-kira jelas henteu ? allhamdulillah

2.SIKAP NABI MUHAMMAD SAW KA ANU NGOTORAN / NGAHINA AGAMA.

Ayena asup kana bagian anu kadua kumaha ajaran Nabi tentang  penodaan agama/anu ngotoran agama urang tinggali ,Di taun ka 9 hijriyah aya rombongan masarakat arab ti negri Najed datang ka Madinah,dimana ari najed? najed teh mun ayena mah di sakitar ibu kota Arab Saudi riyad jarakna ti Madina kadinya kurang lewih 1000 kilo meter ,Maranehna ngalet datang ka madinah mendakan Nabi jeung nganyatakeun diri asup islam di tengah-tengah maranehna aya tokohna anu ngarana Musailamah,sangesna asup islam maranehna di ajar tentang islam cicing rada lila di madinah,satuluyna maranehna ngalet deui balik ka negrina,singkat carita, Satanun satuluyna dina taun 10 hijriyyah Musailamah ngaku papangih jeung malaikat jibril,menang wahyu jeung ngaku salaku Nabi anyar,tuluy manehna mimiti ngajarkeun  ajaran anyarna jeung ternyata loba kaom anu parercaya, Nalika nabi nguping berita eta Nabi ngirim sababaraha orang sahabat di antarana Saiduna Ummamah Bin Usam R.a keur nyadarkeun maranehna supaya asup deui kana agama islam.tapi ternyata, Pangaruh musailamah ges kuat pisan pangaruh musailamah unggal poe beki loba anu nuturkeun musailamah bahkan di akhir taun ka 10 hijriyyah ka catet musailamah geus boga nu nuturkeun teu kurang ti 40.000 jalma, Nabi palsu musailamah boga nu nuturkeun na 40.000 jalma, jeung musailamah ngarasa geus kuat boga pasukan 40.000 jalma manehna wani ngirim utusan ngadatangan nabi urang sadayana Nabi muhmmad SAW,manehna ngirim utusan ka madinah keur nyarios ka Nabi.
Asup dua utusan ieu ka madinah,papendak jeung Nabi saiduna Muhammad SAW tuluy ,naon anu dicarioskeun manehan nana payunen Nabi,maranehna ngomong, “Ya Muhammad abdi dua an di utus ku musailamah keur badami jeung anjeun dina raga rek ngabadamikeun kumaha anjeun jeung musailamah ngabagi-bagi tugas ka nabian”
Nabi teu seur nyarios jeung Nabi teu seur naraos ngan hiji anu ditaros ku nabi ,nabi ka dua utusan tadi “ maroyukuma fi musailamah” Nabi nyarios maroyukuma fi musailamah “ hai anjeun duaan kumaha pendapat anjeun tentang musailamah ? “ kumaha jawabna “ ya Muhammad abdi percaya anjeun utusan Alloh, abdi oge percaya musailamah utusan Alloh,abdi percaya anjeun papendak sareung jibril menang wahyu ti Alloh abdi oge percaya musailamah papendak sareung jibril menang wahyu ti Alloh ya Muhammad lamun ti suku anjeun bisa ngalahirkeun nabi,naha ti suku abdi teu bisa ngalahirkeun nabi”

Harita salasahiji sahabat Nabi nangtung sahabat ieu nyarios ka Nabi Ya Rosululloh Wahai Rosululloh “ an aktoa rosahuma”  “ Wahai Rosululloh izinan abi rek di buntungkeun sirahna dua jalma ieu” maysa Alloh.

Naha sahabat aya anu menta izin ? karena jalma islam anu murtad embung tobat kuduna hukumanna di paehan,sahabat nyuhunkeun ijin rek ngeksekusi dua jalma ieu,manehna geus murtad geus kurang ajar lain datang tobat ka Nabi Malah Nabi rek di ajak-ajak murtad.

Nabi di titah ngaku kana ka Nabian musailamah tuluy kumaha saur nabi ka sahabat tadi “ diuk anjeun di tempat anjeun,utusan teu menang di paehan diuk anjen di tempat anjeun”
Teras Nabi nyarios ka eta utusan “ Bejakeun ka musailamah lamun manehna teu tobat teu balik deui kana islam tetep ngaku jadi nabi maka abdi”  saur Nabi “ Bakal merangan musailamah jeung nu nuturkeun nana”  Subhanalloh,
Simkuring bade naros lamun kitu Nabi tegas henteu ? Nabi tegas henteu ? Nabi tegas henteu ? takbirrr, solu alaNabi.
Urang sadayana boga Nabi lamun urusan penodaan/nu ngotoran agama teu aya kompromi ,anu aya eta jalma Tobat Atawa Abdi Perangan eta pilihanna tobat atawa urang perang,ieu urusan penodaan agama/ngotoran agama,manehna ngaku islam ngaku jadi Nabi anyar manehna asup islam manehna rek ngobok-ngobok ajaran islam,jeung nabi ancam “musailamah henteu tobat henteu balik deui kana ajaran islam ku kuring rek di peranagan kabeh jeung nu nuturkeun nana”Nabi can pernah nganteup penodaan agama/ka nu ngotoran agama,jadi lamun perbedaan agama/kanu beda agama nabi ngahargaan umat  tapi lamun penodaan agama pilihanna nyaeta anjeun tobat atawa anjeun ku kuring di peranan
Lamun kitu simkuring rek naros Nabi tegas henteu ? Tegas henteu ? Naha aya kompromi keur penodaan agama ? Naha aya teroransi keur anu ngotoran agama  ? Naha urang kudu ngahargaan ka anu ngotoran agama ? Naha meunang urang ngahargaan anu ngotoran agama ?
Ahirna dua utusan ieu balik deui kajadian ieu terjadi di ahir taun 10 Hijriyah tuluy Nabi mimiti nyiapkeun rencanana , Tapi sayang sajuta sayang di taun 11 hijriyah taun satuluyna sakumaha urang kanyahokeun Nabi mimiti laleles Nabi ngawitan teu damang bulan muharom kaliwat bulan asup bulan rabiula awal dina poe senin tanggal 12 rabiul awal berdasarkeun sajumlah riwayat ahirna manteuna ngantunkeun uih deui ka Alloh Swt can dugi Nabi ngalaksanakeun kahoyongna keur merangan musailamah jeung anu nuturkeun nana manteuna tos di dipanggil ku Alloh tapi rencana eta teu ureun,sanajan nabina wafat,
Nalika nabi wafat kalawan izin Alloh naek sahabatna tercinta jadi kholifah Saiduna Abu Bakar Sidiq R.A,
Abu Bakar Sidiq,nalika anjeuna jadi kholifah manteuna anu nyiapkeun pasukan,manteuna siapkeun rebuan tentara islam jeung manteuna milih nu mingpinna nyaeta sahabat nabi anu ulung di medan tempur,anu teu pernah eleh dina paperangan anu di landih ku nabi kungaran saepulloh pedangna Alloh nyaeta Kholid Bin Walid r.a,
Kholid bin walid mawa rebuan pasukan di bagi kana 7 dpc maranehna berangkat rek nyamperkeun musailamah jeung anu nuturkeun nana,lain perjalanan hampang maranehna kudu ngaliwatan padang pasir,maranehna kudu ngaliwatan gurun tandus sa panjang 1000 kilo meter teu aya sumber cai ,aya badai topan anu mawa kebul taneh loba pisan eta tapi ku kakuatan iman ku kakuatan takwa ku ihlas tawekal ka Gusti Alloh rebuan kaum muslimin anu di pinngpin ku Kholid Bin Walid atas parentah Abu Bakar Sidiq anu ngajalankeun rencana anu pernah di rencanakeun ku Nabi urang sadayana Saiduna Muhammad Saw.
Maranehna berangkat menerjang sagala tangtangan anu aya ,Jeung ahirna kalawan ijin Alloh marannehna teupi ka hareupeun benteng musailamah Al-kadzab,sanajan dina ka ayaan lemah,sanajan dina ka ayaan kurang bekel,dina ka ayaan ka beakeun tanaga tapi iman maranehna masih di dada sumanget tempurna masih luar biasa maranehna kudu nyanghareupan 40.000 rebu pasukan musailamah dina ka ayaan sehat dina ka ayaan teu kurang dahar,teu kurang nginum dina kaayaan teu ngalakukeun perjalannan jauh sedengkeun kholid bin walid jeung rebuan pasukanna maranehna keur leles,keur cape,loba anu ka hausan tapi teu menang henteu liilai kalimatilah siap nyanghareupan balukar naon wae oge luar biasa ahirna kajadian pertempuran anu kajida rohakana silih serang silih hanteum jeung kalawan ijin Alloh kaum muslimin di pasihan ka meunangan musailamah jeung 40.000 pasukanna kabehanana paeh dina ka ayaan murtad dina lengun kaum muslimin anu di pingpin Ku Kholid Bin Walid r.a.

Pertarosan simkuring Abu Bakar Sidiq tegas henteu ? wanian henteu ? tuluy Kholid Bin Walid tegas henteu ? wanian henteu ?

Jadi simkuring bde naros keur maranehan nana anu ngotoran agama,anu ngahina agama, nabi palsu jeung anu nuturkeun nana naha aya kompromi henteu ?naha aya kudu ngahargaan ? naha aya ngahargaan ?  HENTEU AYA,

Aya Oge Titah maranehna tobat atau bunuh anu aya titah maranehna taubat atawa paehan,masya Alloh,

Jadi simkuring bade naros lamun embungen tobat penoda Agama dikumaha ? jawab anu kompak penoda agama di kumaha ? nu ngahina Alloh ? nu ngahina rosululloh ? nu ngotoran agama ?nabi palsu ? nu nuturkeun nabi palsu? Takbirrr masya Alloh,

Kusimkuring tambahhan hiji deui di tahun ka 10 hijriyah oge aya hiji dukun di negri yaman anu ngarana Al-Aswad Al-Annasi oge ngaku jadi nabi Ayenamah nabi henteu ngirim pasukan naha ? karena nu nuturkeun al-aswad al-annasi henteu saloba musailamah,Nabi ngan wungkul nulis surat ka negri yaman karena didinya geus loba umat islam,dimana Nabi menta ka umat islam anu aya di yaman keur ngajak al-aswad al-annasi asup deui kana agama islam atawa lamun manehna embunggeun tobat nabi marentahkeun ka muslimin di yaman bunuh al-aswad al-annasi dukun anu ngaku jadi nabi,nalika surat eta tepi di yaman di bacakeun ku gubernur yaman di sambut ku kaum muslimin peringatan di teupikeun ka al-aswad al-annasi ternyata al-aswad al-annasi tetep ngabangkang.

Akhirna kalawan gagah wanian saurang pemuda di yaman anu ngarana Pairuz manehna bawa pedangna ieu pemuda asup kana majlisna Al-aswad al-annasi di tenggah-tengah nu nuturkeun Al-aswad al-annasi, Manehna maju kahareup nyabut pedangna di kadekkeun kana behengna “ Babatok sia make keun ngaku jadi nabi,ngahina kana agama nabi kuring”, di kadek behengna. ieu kajadian sabulan sateu acan Nabi wafat .

Tuluy pas Nabi ngadenge ieu beja aya pemuda muslim anu ngabunuh nabi palsu  Al-aswad al-annasi nabi seri nabi bunggah Nabi sukuran ka gusti Alloh jeung ieu pemuda di puji ku Nabi ,subhanalloh.

Jadi simkuring naros deui jalma anu ngahina agama.anu ngotoran agama ngarobah robah ajaran agama lamun embungngeu tobat di kumaha ? lamun embungngeu tobat di kumaha ? nu ngahina Alloh ? nu ngahina nabi ? nu ngahina islam? Nu ngahina agama ? takbirrr Alhamdulillah

Kira-kira anu ku simkuring di dugikeun jelas henteu ? jadi masalah perbedaan agama geus jelas masalah penodaan agama geus jelas ,leres ?
Sateu acan di teraskeun simkuring bde naros deui jeung nu beda agama Nabi ngajarkeun keur teroransi antara umat beragama leres ? naha menang urang ngahina agama sejen ? menang urang nyaci maki pangeran sajen ? naha urang menang ngayeyeri agama sejen ? naha menang ngaganggu harta banda maranehhan nana ?naha menang ngaganggu jiwa raga maranehan nana ? Alhamdulillah

Tah kitu sikap islam ka nu beda agama.naha menang paksa manehna asup agama islam ? naha menang nipu maranehhan nana asup agama islam ? teu menang hdrn,tah kitu ajaran islam keur ngahargaan antar umat beragama. Islam indah henteu ? mulia henteu ? agung henteu ? luhur henteu ? suci henteu ? takbirrr

Anu kadua penodaan agama/ka anu ngahina agama urang tinggali sajarah nabi teu loba-loba pilihan ngan wungkul Tobat atawa di bunuh.

Nabi teu mere panghormatan ka jalma-jalma anu ngotoran agama,Nabi teu ngahargaan ka anu ngotoran agama,nabi can pernah ngajak kompromi keur urusan ka jalma anu ngotoran agama, Nabi ngan mere pilihan tobat atawa di bunuh , lamun kitu simkuring naros deui nabi urang sadayana tegas henteu ? wanian henteu ? jadi keur para penoda agama kudu kudu di hargaan henteu ? menang di hormati henteu ? menang di ajak kompromi henteu ? jadi lamun maranehna embung tobat di kumaha ? nu ngahina Alloh ? nu ngahina nabi ? nu ngahina agama ? nu ngahina islam ? takbirr

Jadi ku anu kusimkuring taros keun mudah-mudahan sadayana geus jelas ingsa Alloh.
Ayena urang asup kana permasalahan anu aya di tengah urang sadayana
Di Negara urang ayena di Negara republik Indonesia simkuring bade ngainformasikeun ti mimiti tahun 1965 pemerintah republik Indonesia nyieun aturan ,kunaon pamarentah misti nyieun aturan? karena sateu acan  aturan eta lahir umat islam rada sensitive ti sabang teupika merouke lamun aya anu ngahina islam jalma eta di bunuh lamun aya anu ngahina nabi jalma eta di pencit lamun aya anu coba-coba nyiun tempat riungan ngahina nabi tempat riunganna di duruk, Ieu kajadian geus lila di Indonesia bahkan nalika muncul partai komunis Indonesia PKI anu ti mimiti ngaberontakna di madiun taun 48 umat islam mineng gesekan rame wae jeung orang komunis,di mana-mana kunaon ? karena  umat islam ninggali komunis mangrupakeun para penista agama,bahkan nalika kajadian panghiyanatan G30S PKI anu ngobrak ngabrik PKI ti sabang sampai merauke eta teh umat islam! Bahkan nalika eta banser-banser NU anu mangrupakeun bentengna Ulama kaluar asup kampong keur ngobrak ngabrik markas PKI keur mela islam,loba pisan tokoh tokoh PKI anu ngahina islam ngahina nabi di pencitan ku banser-banser NU urang alus henteu ? takbirr Alhamdulillah Oh luar biasa.

Nah ieu ngajadikeun pamarentah rempan aya anu ngahina islam di pencit, aya anu ngahina islam di bunuh, aya anu ngahina islam di duruk nah pamarentah embungen umat islam maen hakim sorangan,tapi pamarentah wajib ngalindungi umat islam tong tepika agamana di hina batur,Bener Henteu ? ku kituna lahir peraturan persiden pepres nomer 01/PNPS/1965,pepres teh paraturan presiden nomor hiji taun 65  tentang larangan penodaan agama ,tuluy di tahun 1969 pepres ieu di jadikeun UU di tingkatkeun setatusna jadi UU,Undang Undang nomer 5 tahun 1969,henteu tepika dinya ,tuluy di jieun dina KUHP tentang penodaan agama nyaeta pasal 1.56a simkuring uihan deui aya pepres no 1 tahun 1965,UU no 5 tahun 69 jeung di tambah deui KUHP pasal 156a tilu prodak UU ieu anu di sebut Undang-undang penodaan Agama, ti taun 65 tepika taun 2010,ti mimiti taun 65 teupika 2010 sabaraha taun ? 45 taun ,Alhamdulillah
Sacara umum undang –undang eta efektip, di tangkeup ku umat islam di serahkeun ka aparat diproses di pangadilan ahirna maranehna di jebloskeun ka penjara, bahela aya ingkarusunnah umat islam resah tangkeup lapor polisi di adili di jebloskeun ka penjara ingkarusunahna di bubarkeun,muncul islam jamaah umat islam protes MUI ngaluarkeun fatwa islam jamaah sesat akhirna islam jamaah di bubarkeun aktor otak utamana di tangkeup di adili di tangkaeup di asupkeun ka penjara hdrn,kunaon ? karena aya Undang-undang penodaan agama

di taun 80-an aya hiji wartawan nu ngarana Arif Wendo Akno Winoto nyieun poling ngahina islam umat islam ambek akhirna di tangkeup majalahna di berendel nyaeta majalah monitor Arif wendo akno winoto di tangkeup di adili jeung di penjara,henteu teupi kadinya anu ngaku-ngaku nabi anu ngaku malaikat,seperti lia edan,ahamd musedeng, simkuring naraos maranehna di tangkeup henteu ?geus asup penjara teu acan ? simkuring naros lia eden geus di tangkap teu acan ? geus asup panjara teu acan ? ahamd musedeng geus di tangkap teu acan ? asup penjara teu acan ? naha ? aya Undang-undang penodaan agama

,Jadi sacara umum ayana undang-undang penodaan agama,para penista agama bisa di tanggkeup bisa diproses bisa di jebloskeun ka penjara Alhamdulillah, sanajan hukumanna hampang ngan lima taun penjara mistinamah hukuman mati dibere lima taun penjara hampang henteu ? hampang,tapi umat islam tertib teu nanaon dibere lima taun hela sugan hayang tobat,leres,,? Leres …? Ti tahun 65 tepika 2010 umat islam teu maen pencit teu maen bunuh .

lamun aya anu ngahina islam manehna henteu di pencit,maranehna henteu di bunuh maranehna tangkeup maranehna bawa ka polisi dip roses di adili di penjara,penoda agama di hukum umat islam ta’at hukum.leres ? akibatna pamarentah di untungkeun karena umat islam henteu maen potog deui ohhh pamarentah senang  undang-undang eta bisa ngajaga teroransi antar umat beragama nyiptakeun ka tenangan di masarakat , lamun kitu Alus henteu ? Alus henteu ? Alus henteu ?  alhamdulilah

Eh ujug ujug henteu aya angin henteu aya hujan di awal tahun 2010 ieu rombongan kaom riberal ngalet datang ka makamah konstitusi di pingpin ku tokohna,manehna nungtut menta ka makamah konstitusi keur ngabatalkeun undang-undang penodaan agama, alesana undang-undang eta pagedrug jeung hak asasi manusia naha pagedrug  karena jalma rek boga agama atawa teu boga agama eta hak masing-masing jalma rek nafsirkeun agama eta mangrupakeun hak kabebasasan,jalma arek keritik Al-quran arek protes nabi bahkan arek protes Alloh oge eta mangrupakeun hak pribadi manusia  teu menang di bates teumenang di atur-atur sahawae saha wae rek ngeritik Al-quran arek protes nabi bahkan arek protes Alloh keur manehna  eta lain penodaan agama tapi kebebasan berpendapat,coba urang tinggali jadi manehna menta ka makamah konstitusi supaya undang-undang penodaan agama di batalkeun,

akhirna makamah konstitusi ieu ngagelar siding sakabeh ormas islam di undang ka asup orang riberal dina siding orang riberal ngomong majlis hakim ulah nyalahkeun lia eden bahela waktu Muhammad ngaku jadi nabi eta di anggap gelo kumasarakat bahela nalika Muhammad papanggih jeung malaikat menang wahyu eta di sebut gila ku masarakat ayena lia eden papanggih jeung malaikat jibril menang wahyu eta di sebut gila ku masarakat atuh saenyana Muhammad eta the sarua jeung lia eden, biadab henteu ? biadab henteu ? UU can di batalkeun geus wani ngomong kitu can di batalkeun manehna geus wani ngomong kitu

Perlu kusimkuring di dugikeun naha ormas islam NU muhamadiyah,FPi jeung sajabana henteu satuju undang –undang eta di batalkeun karena lamun eta UU di batalkeun 1.lamun isuk ning geto UU di batalkeun :

1.Sakabeh nabi-nabi palsu jeung anu ngahina agama anu geus di tangkeup wajib di kaluarkeun demi huhum karena UU na geus di cabut.lia eden kudu kaluar,ahmad musodek wajib kaluar

2.lamun seg UU di cabut maka sakabeh prodak UU ti pusat teupika daerah anu ngalarang aliran sesat kusorangan di cabut oge naha ? karena dasar UU di cabut ku makammah konstitusi seperti naon ? seperti SKB 3 mentri tentang peringatan ka ahmadiyah eta batal ku sorangan,nyakitu deui surat keputusan gubernur  Sumatra selatan anu ngalarang ahmadiyah di propinsi Sumatra selatan eta batal karena di cabut ku MK,ka asup surat kaputusan bupati purakarta anu ngalarang Ahmadiyah di kab.purwakarta eta kudu di batalkeun,nya kitu deui SK surat keputusan wali kota tasik Malaya di jawa barat eta oge kudu di batal keun karena ngalarang Ahmadiyah.
Jadi simkuring uihan deui lamun UU eta di batal keun hiji sakabeh aliran sesat anu geus di tangkeup,ditahan,di penjara,kudu di bebaskeun karena UU geus di cabut .dua sakabeh UU sa Indonesia ti mimiti pusat teupika daerah anu ngalarang aliran sesat ,aliran sesat naon wae oge sakabeh aliran sesat anu di larang eta kudu di batalkeun naha ? karena sakabeh aturan eta dasar hukumna nyaeta UU penodaan agama anu katilu lamun UU eta di batalkaeun maka engke lamun aya jalma nyaci maki nabi,ngahina islam urang sadayana moal bias nangkeup deui,lamun urang tangkeup manehna di laporkan ka polisi maka polisi moal bisa mroses sabab UU geus di cabut,payung hukum geus eweh,lamun urang nenggeul manehna lapor polisi urang anu di tangkeup karena pasal penganiyayaan,lamun urang ngabunuh manehna urang anu di tangkeup sabab pasal pembunuhan, jadi isuk ning geto lamun UU eta di cabut unggal poe jalma bakal bebas ngahina Al-quran,ngahina Hadist ngahina nabi,ngahina agama,tanpa umat islam meroses hokum di pengadilan, jadi simkuring bade naros kasadayana anu hadir di dieu lamaun UU eta di cabut bahaya henteu ? bahaya henteu ? bahaya henteu ?  lamun kitu hayang henteu UU eta di Cabut ? lamun UU eta di cabut rido Henteu ? satuju henteu ?
Ieu anu keur ku urang sadaaayana di sanghareupan.ieu lain urusan hehereyan Habib rijiq sabalad balad geus nepikeun ka majelis hakim lamun UU ieu di cabut tong nyalahkeun umat islam lamun isuk aya anu ngahina agama bakal di pencit ku umat islam,leres? Takbirrr
Nah makana di dieu simkuring bade ngadugikeun naon wae kaputusanna urang sadayana bakal teuteup syukur ka Alloh di batalkeun atawa henteu di batalkeun, ke Naha ? kahiji lamun henteu di batalkeun urang sadayana bersyukur ka Alloh karena lamun isuk ning geto aya anu ngahina Alloh ngahina nabi urang sadayana tangkeup menta di proses bisa di jebloskeun ka penjara Alhamdulillah bersyukur henteu ? bersyukur henteu ? tapi lamun isuk ning geto di batalkeun urang sadayana beryukur wah naha ? karena lamun isuk ning geto di batalkeun lamun aya anu ngahina agama atawa ngahina nabi urang sadayana balal mencit di tempat, satuju henteu ? satuju henteu ? naha make di pencit ?, sabab lamun di bawa ka polisi UU geus euweh moal bisa di proses,naha teu di tenggeulan we ? lamun di tenggeulan manehna bisa lapor tuluy urang di penjara,nya lamun di bunuh oge bakal di penjara sabab ngabunuh ,nya kitu oge lamun polisi nyahoeun,lamun teu nyahoeun pan henteu , Leres ?
Urang moal bisa nganteup cicing nalika pangeran urang sadayana di hina ,nabi di hina,simkuring bade naros lamun pangeran urang sadayana dihina,nabi di hina rela henteu ? nagambeuk moal ? naha mimkin nu ngahina nabi ku urang di anteup ? titah manehna tobat lamun embung tobat di kumaha keun ?

Saur habib riziq “tanggung jawab dunia akhirat lamun aya anu ngahina agama ngahina nabi titah manehna tobat lamun embung tobat paehan,simkuring ngomong simkuring tanggung jawab dunia akhirat karena simkuring yakin eta mangrupakeun kawajiban agama keur mela Alloh jeung mela nabi anu di pika cinta nabi yang membaca solawat ka anjeuna di mana-mana nabi anu ku urang puji saiduna Muhammad SAW,Urang moal pernah ridho lamun nabi di hina ku saha wae oge ,simkuring tanggung jawab dunia akhirat lamun aya jalma anu ngahina agama ngahina nabi ku anjeun bunuh anjeun di tangkeup polisi nalika di pariksa polisi bejakeun habib riziq anu nitahna,simkuring siap maturan anjeun di panjara simkuring siap di hukum mati jeung anjeun keur mela Alloh jeung rosulna” .takbirr

Teu menang di anteup nabi di hina rek di anteup,ungal poe urang maca maulid urang puji nabi urang tunjukeun rasa cinta urang ka nabi nalika nabi di hina urang cicing Bohong cinta teh,tinggalikeun urang cinta ka nabi the ku henteu nganteup saha wae ngahina nabi , leres ?
Jadi ieu geus simkuring teupikeun ka makamah konstitusi jaeung geus di teupikeun ka mentri agama jeung mentri agama nepikeun ka presiden tong ngahereyan UU eta,lamun UU eta di batalkeun urang sarerea rek nitah berntas penghina nagama di mana oge ka asup jalma liberal anu ngahina nabi ,urang apal eta urang liberal nyieun buku eusi buku eta Al-quran teh hasil kongkalikong antara nabi jeung sahabat, stn.
Simkuring rek naros siap mela islam henteu ? Simkuring rek naros siap mela islam henteu ? Simkuring rek naros siap mela islam henteu ?
takbirrrr

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NADZOM KALIMAH TAUHID

AL – QURANUL KARIM ETA TEH IMAM URANG SADAYANA

NGABEDAKEUN PERBEDAAN JEUNG PENYIMPANGAN DINA AJARAN ISLAM

Radio Online

Radio Dakwatul Musthofa Lumajang | Radioonline.co.id