Obat Kabingung Jeung Kasusah
Obat Kabingung Jeung Kasusah
Alloh marentahkeun ka jalma-jalma dimana meunang balai atawa meunang nikmat sing loba maca tasbih, Rosul ngadawuhkeun : kalimah anu dipikaresep ku Alloh 4 rupa :
1. سبحان الله
2. الحمدلله
3. الله اكبر
4. لاالاه الله
Oge Rosul ngadawuhkeun ”2 kalimah anu enteng kana lisan, tegesna babari diucapkeunnana, dibacana nyaeta سبحان الله وبحمده سبحان الله العظيم , tapi matak ngabeungbeuratan kana timbangan amal hade dina waktu ditimbang amal di akherat”.
Tasbeh mangrupakeun kadaharan rohani ahli sawarga. Dimana-mana ahli sawarga ngadu’a sok ditungtungan ku الحمدلله . Kusaba kitu, sing daek wiridan terutama sabada solat fardhu, anu biasa dibacakeun subhaanalloh, allhamdulillah, allohuakbar, laailaaha illalloh, malah ditambahan ku istigfar jeung solawat, ingsa Alloh jalma bahagia dunia jeung akherat.
PENJELASAN.
Dimana-mana jalma meunang balai sing loba maca tasbih maca istigfar, Alloh ngadawuhkeun dina al-Quran surat al-Hijr ayat 97 :
وَلَقَدْ نَعْلَمُ أَنَّكَ يَضِيقُ صَدْرُكَ بِمَا يَقُولُونَ
“Cek Alloh yakin kami apal, rupek hate (bingung susah) anjeun muhammad, kusabab perkara (jalma kafir) ngararomongkeun ka anjeun”
Tuluyan ayat saur Alloh dina al-Quran surat al-Hijr ayat 98 :
فَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ وَكُن مِّنَ السَّاجِدِينَ
"Sok sing loba maca tasbih"
Asal pokok khitob ka Kanjeung Nabi, tapi eusina mah umum kanggo umatna. Sabab eta tasbih diparentahkeun ka Kanjeung Nabi, pasti Kanjeung Nabi ngalaksanakeun. Naon anu dilaksanakeun Kanjeung Nabi mangrupakeun sunah Nabi, ari umatna kudu ngalaksanakeun sunah Nabi.
Matak kudu daek muludan ge eta mangrupakeun ngaji, tapi lolobana nerangkeun sunah Nabi, boh dina qoulina, fa’lina, jeung taqririna. Timbul anu jadi umatna apal kana laku-lampahna, peribadahannana Kanjeung Nabi, sedengkeun wajib nuturkeun sunah Nabi.
Umat islam zaman kiwari keur bararingung jeung susah, sabab loba nu hayang ngahancurkeun aqidah, syari’ah sedengkeun Alloh ngadawuhkeun dina al-Quran surat al-Imron 102 :
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنتُم مُّسْللِمُونَ
Ulah maot kajaba mawa iman jeung islam, anu disebut khusnul khotimah. Malah aya khusnul khotimah anu leuwih alus nyaeta sajabana mawa iman jeung islam teh heunteu boga dosa saeutik-eutik acan.
Masalah maot tong dipikasieun tong dipikahoream da pasti bakal karandapan. Anu jadi pikiran jeung anu dipikasieun akibat saba’da maot. Naha bagja atawa cilaka, sedengkeun bagja jeung cilaka di akherat kumaha ayeuna. ulah ayeuna kumaha isukan, tapi isukan kumaha ayeuna.
وَكُن مِّنَ السَّاجِدِينَ
“Jeung kudu bukti anjeun Muhammad ti jajaran jalma anu sholat”
Jadi diparentahkeun solat teh ku Alloh ka Kanjeung Nabi, oge ka urang sebagai umatna. Malah asal pokok 50 roka’at tapi jadi 5 rokaat, sabab Alloh uningaeun bahwa umat Kanjeung Nabi lemah, lamun dibere 50 kali sapoe sapeuting moal kuateun, tuluy dikurangan jadi 5 roka’at. Tapi Alloh uningaeun umat Kanjeung Nabi najan lemah, ari kaunggulan dina ibadah mah hoyongeun. Kusabab kitu angger sanajan 5 dibere nilai mah 50 sabab 1 dikali 10.
Satuluyna ayat surat al-Hijr ayat 99 :
وَاعْبُدْ رَبَّكَ حَتَّىٰ يَأْتِيَكَ الْيَقِينُ
“Jadi ibadah teh kudu dugika maot, salagi hirup mah henteu aya lesot kawajiban ibadah, arek bingung senang, susah, bungah.”
Ka dua keur dibere bungah oge sami kudu ngalobakeun maca tasbih. Alloh ngadwuhkeun dina al-Quran surat an-Nasr ayat 1-3 :
إِذَا جَاءَ نَصْرُ اللَّهِ وَالْفَتْحُ (1) وَرَأَيْتَ النَّاسَ يَدْخُلُونَ فِي دِينِ اللَّهِ أَفْوَاجًا (2) فَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ وَاسْتَغْفِرْهُ ۚ إِنَّهُ كَانَ تَوَّابًا
Waktu futuh Mekah, Mekah tadina ditangan kafir jadi di tangan muslim. Oge manusa-manusa ngaraleut arasup islam. Tangtu Kanjeung Nabi bungah, meunang ngusahakaeun, jihad sampai ngalirkeun darah, buktina aya futuh Mekah nyaeta kakuasaan negara Mekah ditangan muslimin. Bungah sareng Kanjeung Nabi sareng para sahabat, kumaha saur Alloh? فَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ .
Kusabab kitu jelas manusa di parentahkeun arek keur bingung, bungah, meunang balai, nikmat tetep ulah eureun-eureun maca tasbih. Matak ku ulama-ulama diajarkeun sakalieun tas solat pardhu mah maca tasbih, sabab rosul nyaurkeun sabada solat pardhu maka kudu maca tasbih 33 kali.
Rosul ngadawuhkeun:
قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صلّى الله عليه وسلّم
رواه مسلم، وابن ماجه، والنّسائي أَحَبُّ الْكَلَامِ إِلَى اللهِ أَرْبَعٌ: سُبْحَانَ اللهِ، وَالْحَمْدُ لِلَّهِ، وَلَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ، وَاللهُ أَكْبَرُ، لَا يَضُرُّككَ بِأَيِّهِنَّ بَدَأْتَ
“Babacaan anu mangrupakeun sunnah dipikacinta ku Alloh 4 rupa : subhanlloh walhamdulillah walaailaahaillalloh wallaahuakbar, teu matak madharat rek anu mana wae anu tiheula anu penting eta lapad opatannana aya”.
Malah diselang ku istigfar sabab jalma anu loba tobatna Alloh mikaresep kanu loba tobatna. Komo lamun istigfarna lain ladang boga dosa, Alloh mikacinta.
Diantawis fadilah tasbih nyaeta matak ngabeungbeuratan kana amal hade isukan diakherat waktu ditimbang. Malah babacaan tasbih teh mangrupakeun padamelan ahli sawarga, sahingga maca tasbih disapertikeun kana tuangeun dina pada resep, hayang jeung ngabiasakeun, kusabab kitu urang sing seueur maca tasbih mudah-mudahan jadi ahli sawarga kukituna, sabab ngalakukeun perkara anu dipigawe ku ahli sawarga.
Maca tasbih sing ikhlas, matak usahakeun pikeun ningkatkeun ibadah, usahakeun pikeun ningkatkeun ikhlas dina badah. Tingkatkeun ibadah من الله Ibadah dasar perintah Alloh, على اللهmake jalan ketentuan-ketentuan Alloh, الى الله menuju ridona Alloh, ngan dimana-dimana geus prak ulah diakukeun, ب الله wungkul ku Alloh.
Ari ikhlas beda-beda, saur katerangan :
الاخلاص مختلفة باختلاف الناس
“Ari ikhlas beda-beda ku beda-beda tingkatanana manusa”
Matak dina elmu tasawuf mah ditingkat-tingkat ikhlas manusa teh:
1. Abidin, ibadahna karena Alloh, ditambahan nyuprih kana ganjaran oge kabur tina sieun disiksa.
2. Muhibbin, ibadahna wungkul seja ngagungkeun ka Alloh, henteu ngamaksud kana ganjaran jeung kabur tina sieun disiksa.
3. ‘Aripin, ibadahna nyaksi kana wungkul Alloh, ibadah digerakkeun ku Alloh dicicingkeun ku Alloh henteu boga rasa kemampuan jeung daya. Pangna disebut ‘aripin sabab kenal kana sifat qudrot irodatna Alloh. Bahwa digerakkeun, dicicingkeun dina prak ibadah wungkul, ladang qudrot irodat Alloh.
Komentar
Posting Komentar