PUASA DI BULAN RAJAB

PUASA TATHOWU / SUNAT DI BULAN RAJAB.

Ari Puasa tathowu nyaeta puasa anu di pigawe kalawan suka rela kaiklasan, tanpa di bebankeun ka wajiban. dina bab ieu hayu uang baca hela, di mana di carioskeun dina Kitab Nasoihud Diniyah ku Al-Habib Abdullah bin Alawi Al-Haddad :

اسمعوا رحمكم الله قال رضى الله تعالى عنه وعنكم جميعا

واعلم ان افضل الصيام صيام شهر رمضان وكذلك يكون الأمر فى جميع الفرائض أعنى أنها تكون افضل من النوافل التى من جنسها بشيء كثير لقوله عليه السلام عن الله تعالى ما تقرب المتقربون الى بمثل أداءما افترضته عليهم ولا يزال العبد يتقرب الىّ بالنوافل حتى احبه 

Jadi didieu Al Imam Al-Habib Abdullah bin Alawi Al-Haddad nyarioskeun :

واعلم ان افضل الصيام صيام شهر رمضان وكذلك يكون الأمر فى جميع الفرائض

“ Kudu apal anjeun saenyana pang alus-alusna puasa nyaeta puasa di bulan romadhan, nyakitu deui sarua halna dina setiap perkara anu wajib “.

Hartina anu ngarana pagawean wajib eta teh pang afdhol-afdholna pagawean,puasa sunnah mana wae moal bisa ngelehkeun kana puasa anu wajib (puasa romadhan) nyakitu deui solat,solat sunnah anu mana wae oge moal aya anu ngelehkeun solat anu 5 waktu,jadi sahebat hebatna ibadah sunnah tetep ibadah wajib anu paling utama. Tah ieu peringatan hartina entong urang ngudang anu sunnah anu wajib ku urang tinggalkeun, justru anu wajib anu kudu ku urang udag entong sakali-kali urang tinggalkeun anu wajib,anu sunnah ku urang udag keur nyampurnakeun supaya urang menang pahala anu lewih mangtikeul-tikeul supaya urang menang rohmat Alloh SWT.

أنها تكون افضل من النوافل 

“Anu ngaeran ibadah wajib, rek puasa, arek solat atawa anu sejenna pasti lewih afdhol ti batan ibadah anu sunnah”.

التى من جنسها بشيء كثير

“Anu tina jinisna ibadah masing-masing”

Aya jinis solat,puasa aya jenis sedekah.lamun jenis solat solat fardu lewih afdhol tibatan solat sunnah,lamun jenis puasa puasa romadhon lewih afdhol tibatan puasa sunnah,lamun tina jenis sedeqah zakat wajib lewih afdhol tibatan sedeqah-seqah anu sunnah,jadi sakali deui penekanan anu wajib tetep lewih afdhol di antara ibadah.Tapi sok sanajan kitu urang tetep di dorong keur pabalap-balap keur ngalakukeun anu sunnah.

Tuluy hayu urang tinggali Al-Habib Abdullah bin Alawi Al-Haddad nuqilkeun hiji hadist qudsi anu di riwayatkeun ku Nabi anu bersumber ti Alloh SWT dimana Alloh ngadawuh : 

ما تقرب المتقربون الى henteu pati-pati hiji jalma ahli ibadah ngadeukeutkeun dirina ka Kaula hiji jalma keur ibadah بمثل أداءما افترضته عليهم eta lewih hebat tibatan naon anu kami wajibkeun ka maranehna.

Maksudna sahebat-hebatna pagawean keur ngadeukeutkeun diri ka Alloh pigawe eta anu ku Alloh wajibkeun ka Urang,setiap urang ngalakukeun ka wajiban berarti urang ngalakukeun ngadekeutan ka Alloh SWT.

ولا يزال العبد يتقرب الىّ بالنوافل

“ Tuluy lamun hiji jalma ngadeukeutkeun diri ka Alloh di tambah ku amalan sunnah”, henteu wungkul terbates kana perkara anu wajib,pigawe jeung sunnahna

حتى احبه 

“ Sahingga kaula mikacinta ka eta jalma”.

Ieu hadist aya tuluyyan na واذا احببتهم lamun kaula Saur Allah, geus mika cinta hiji Hamba, maka Kaula bakal jadi cepilna,lengeunna,sukuna jeung satuluyna.

Maksudna mata urang,celi urang,lengeun urang,suku urang di berkahkeun ku Alloh SWT,sahingga lamun jelema geus di pikacinta ku Alloh,panonna bisa ninggali anu henteu bisa di tinggali ku anu sejen,ceulina bisa jadi ngadenge anu henteu bisa di denge ku nu sejen,lengeunna pinuh ku barokah bisa ngalakukeun anu henteu bisa di lakukeun nu sejen,sukuna oge pinuh kaberkahan manehna bisa ngalengkah anu henteu bisa di pigawe ku nu sejen,hartina lamun jalma geus di pikacinta ku Alloh,Alloh masihan mangrupa-rupa kaberkahan dina setiap kahirupanna jeung angota awakna.

Jadi supaya Alloh cinta kahiji laksanakeun anu wajib kadua tambah jeung anu sunnah.

Kasauran Al-Habib Abdullah bin Alawi Al-Haddad deui :

قال رضى الله تعالى عنه وعنكم جميعا

ثم صوم الأشهر الحرم وهى ذوالقعدة وذوالحجة والمحرم ورجب

Kasauran Al-Habib Abdullah bin Alawi Al-Haddad anu perlu ku urang ka nyahokeun tina jinis puasa sunnah anu alus nyaeta soum asyhuril hurum puasa di bulan-bulan harom maksudna bulan harom bulan suci,bulan suci teh sataun ngan aya opat.

Alloh ngadawuhkeun dina surat 9. At taubah ayat 36

إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِنْدَ اللَّهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالأرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ

“Saenyan bilangan bulan mungguh Alloh eta aya 12 bulan dina ketetapan Alloh, dina kitabna,ti mimiti Alloh nyiptakeun langit jeung bumi,tina anu 12 bulan eta aya opat bulan harom,aya opat bulan suci”.

Jadi Alloh geus netepkeun bahwa sataun teh aya 12 bulan,Alloh geus netepkeun eta ti mimiti Alloh nyiptakeun langit jeung bumi,jadi ayana bulan lain ayena ayena nalika Alloh nyiptakeun langit bumi maka bulan geus aya 12 dina sataun,

Ari bulan suci teh nyaeta dzul qodah,dzul hijah,muharom jeung bulan rojab.eta di sebut bulan suci.

Cuman ti balik di Indonesia anu di sebut bulan suci teh bulan romadhan,romadhan mah lain bulan harom tapi syahrul karim bulan mulia,bulan mulia bulan romadhan,bulan agung bulan romadhan, tapi lamun bulan suci dzul qodah,dzul hijah,muharom jeung bulan rojab. Anu 3 bulan pa tutur tutur dzul qodah,dzul hijah,muharom salila 3 bulan sedengkeun bulan rojab mencil sorangan.

Disebut bulan karena di bulan eta umat islam henteu menang perang karena di bulan eta umat islam henteu menang numpahkeun darah,karena di bulan eta umat islam henteu menang aya papaseaan,karena di bulan eta lamun teamah umat islam keur merangan jalma kafir wajib gencatan senjata stop, kajaba lamun musuh tetep nyerang menang urang mela diri henteu menang urang mihelaan nyerang bebeakan maranehna,asup bulan suci stop peperangan jadi perhatikeun di bulan suci henteu menang perang kajaba lamun urang di serang.Bahkan aya anu maling kudu di teukteuk lengen,aya anu ngabunuh kudu di hukum mati sok jalankeun tapi tong di laksanakeun dina bulan suci jadi lamun di ponis bulan rojab nya tungguan tepika bulan rojabna beak, tah lamun bulan rajabna beak kakara di laksanakeun hukuman. 

Lamun bulan romadhan lain bulan suci makana dina bulan romadhan menang perang,perang badar bulan dibulan romadhon, jadi salah anu nyebut bulan romadhan lain bulan perang,romadhan eta teh bulan perjuangan,romadhan eta teh bulan perang,romadhan eta teh bulan pengorbanan, tapi memang bulan romadhan eta teh bulan sabar, urang di ajarkeun kudu sabar tapi sabar lain berarti ulah perang ngalawan jalma kafir, lamun aya jalma kafir ngalakukeun kabatilan kudu di perangan menang keur di perangan di bulan romadhan tapi henteu di perangan di bulan rojab.

Maka asup kana bulan rojab jaga sikeup,asup kana bulan dzul qodah,dzul hijah,muharom jaga sikap, tong aya pertumpahan darah tah ieu anu geus jadi ka tangtuan syariat Nabi Muhammad SAW.

Simkuring ngan rek ngemutan bahwa puasa di bulan-bulan harom banget di anjurkeun karena eta hadistna sohih, urang bisa buka dina kitab Riadus Solihin bahwa puasa di bulan harom di anjurkeun ku Nabi Muhammad SAW urang tinggali puasa di bulan harom urang buka dina kitab riadus sholihin nyaeta dina hadits anu ka 1266.

Nabi nyarios ka para sahabatna :

صم من الحرم 

“ Kudu puasa anjeun dina bulan harom”. 

Nabi nyarios puasa anjeun di bulan harom,bulan rojab ka asup bulan harom berarti urang di anjurkeun puasa di bulan harom.ieu hadistna sohih aya dina kitab riadus solihin nyaeta dina hadist anu ka 1266

Urang tuluy Kitab Nasoihud Diniyah di carioskeun ku Al-Habib Abdullah bin Alawi Al-Haddad

وقد ورد أن صوم يوم من الأشهر الحرم يعدل صيام ثلاثين يوما من غيرها وصيام يوم من رمضان يعدل ثلاثين يوما من الأشهر الحرم

bahwa puasa sapoe di bulan harom sarua jeung puasa 30 poe di bulan sejen,sapoe puasa di bulan harom ka asup bulan rojab sarua jeung 30 poe di bulan sejen,jeung puasa sapoe di bulan romadhan sarua jeung puasa 30 poe di bulan harom.

Satuluyna dina Kitab Nasoihud Diniyah di sebutkeun jeung aya anjuran oge :

وورد أن من صام ثلاثة ايام متتابعة من شهر من الحرم الخميس والجمعة والسبت باعده الله من النار

“ Saha jalma anu puasa 3 poe tuluy tuluyyan di bulan harom kamis, jum’at jeung sabtu maka Alloh jauhkeun eta jalma tina sene naraka.”

Makana dina kasempatan ieu simkuring bade umajak supaya dina bulan rajab puasa poe kemis sambung jeung poe jum’atna jeung sambung deui jeung poe sabtu,Urang puasa kamis jum’at jeung sabtu ingsa Alloh urang sarerea dijaga ku Alloh tina antel jeung seneu naraka zahanam.

Jadi di bulan rajab niat puasa ti petingna,niat sunnah puasa rojab :

نويت صوم غد عن أداء سنة رجب لله تعالى 

“ Niat abdi puasa poe isuk.puasa sunnah bulan rojab karena Alloh Ta’ala”. 

Tancebkeun niat jeung tong hilap syahurna sunnah,syahur eta teh barokah, makan syahur sateuacan subuh geus beres, syahur 10 menit tahan hela tina henteu dahar jeung nginum deui, tuluy solat subuh,jadi anu tadi didugikeun teh hadist sohih.

Lamun hadits anu dhoifna loba,jadi entong aya anu ngomong hadits tentang puasa rojab do’if kabeh, jadi henteu kabehana do’if aya hadits anu sohih, anu sohih wajib ku urang di jadikeun cecekelan jeung dipake Hujah dina sakabeh Amal, anu do’if dina amalan sunnah sepakat ahlus sunnah menang di jadikeun hujjah.

Jadi simkuring ngemutan tadi anu di gunakeun ku Al-Imam Nawawi dina kitab Riadus Solihin jeung Al Imam Habib Abdullah bin Alawi Al-Haddad dina kitab Nasoih Diniyah eta hadits anu sohih.

Ayena lamun hayang tambahan haditsna tinggali dina Kitab At-Targib Watarhib ieu kitab karangan Al-Imam Abu Kosim Ismail Bin Muhammad Azjauzi Al Asfahani dina hadist ka 1820-1826, aya 7 hadits anu di riwayatkeun tentang ka mulyaan bulan rojab jeung puasa di bulan rojab :

Hadist ka hiji : 

إِنّ فِي الْجنَةِ نَهْرًا يُقالُ لَه رَجَبٌ أَشَدُّ بَياضًا مِن اللّبَنِ وَأَحْلَى مِن الْعَسلِ، مَن صَامَ يَومًا مِن رَجَبٍ سَقاهُ اللهُ تَعالَى مِنْ ذَلكَ النّهرِ.

“ Saenyana dina surge eta aya hiji walungan ngarana sungai rojab warna caina lewih bodas tibatan susu jeung rasana lewih amis tibatan madu jeung saha jalma anu puasa sapoe we di bulan rojab Alloh bakal mere nginum tina eta walungan.”

Hadist anu kadua:

فِي الْجنَةِ قصر لصوام رجب

disurga teh aya istana khusus keur jalma anus ok puasa di bulan rojab

Hadist anu katilu :

إِنّ رَجبٍ شهرٌ عظيمٌ تضاعف فيه حسنة وَمن صامَ مِن رجب كانَ كَصِيامِ سَتة أيّامٍ ومن صام سَبعةَ أيّامٍ غُلِّقَتْ عَنهُ سَبعةَ أبوابُ جَهَنّمَ ومَن صامَ ثَمانِيةَ أيّامٍفُتِحَتْ لَه ثَمَانِيةُ أبوابِ الْجَنّةِ 

“ Saenyana bulan rojab teh bulan agung anu ka alusan di lipatkeun dina eta bulan,saha jalma anu puasa di bulan rojab seperti puasa 6 poe,ٍsaha jalma anu puasa 7 poe di bulan rojab maka 7 panto naraka di tutup keur eta jalma, saha jalma anu puasa 8 poe ِbakal di bukakeun keur aranjeuna 8 panto-panto surga”.

Karena na entong kaget bahela lamun Nabi tos asup bulan rojab mantena kabiasaan mantena puasa tepika bulan romadhan,karena dina hiji hadist Nabi sasauran رَجَبٌ شَهرُ اللهِ وَشَعبانُ شَهرِيْ وَرَمضانُ شَهرُ أُمّتِي

رَجَبٌ شَهرُ اللهِ bulan rojab eta teh bulan Alloh jeung sa’ban bulan abdi وَشَعبانُ شَهرِيْ bulan sa’ban bulan abdi maksudna bulan Nabi وَرَمضانُ شَهرُ أُمّتِيsedengkeun romadhan bulanna umat islam,rojab bulan Alloh,sa’ban bulan Nabi romadhan bulan umat islam.umat islam wajib puasa di bulan romadhan,tapi Nabi banget mika Cinta Alloh jeung ngagungkeunna lamun mantena dina bulan umatna puasa maka dina bulan Alloh jeung bulan Nabi mantena embung ninggalkeun.

Makana lamun geus asup bulan rajab Nabi midameul :

1.Ngalakonan Puasa 

Bahkan Nabimah tilu bulan tuluy - tuluy Rojab,Sa’ban jeung Romadhan

2. Setiap asup bulan rojab sabada solat Nabi maca do’a ;

اللّهُمّ بَارِكْ لَنَا فِي رَجَبٍ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ

Ya Alloh berkahkeun abdi sadaya dina bulan rojab jeung sa’ban َjeung panjangkeun umur abdi sadaya dugi ka bulan romadhan, saking muliana bulan romadhan Nabi terus ngado’a tong henteu tepi ka romadhan.eta sabada solat do’a Nabi.

Setiap bulan rojab ba’da solat fardu Nabi maca do’a :

رب اغفرلى وارحمنى وتب على 

para ulama urang bareto ngajarkeun 70x setiap saentos beres solat fardu رب اغفرلى وارحمنى وتب على atawa رب اغفر وارحم وانت خير الراحيمن jadi eta dzikir Nabi nalika asup bulan rojab unggal poe Nabi maca eta dzikir,wirid jeung do’a anu di amalkeun Nabi lewih kudu ku urang di amalkeun tinimang dzikir jeung wirid anu di jieun ku saha wae ti umat manusia karena henteu aya hiji do’a hiji dzikir hiji wirid anu di jieun ku manusia anu lewih hebat lewih afdol lewih berkah tibatan anu di jieun ku Nabi urang sadayana saiduna Muhammad SAW nah lamun urang geus amalkeun anu Nabi pasihan sok tambahan ku do’a ti ulama,do’a ti ustad do’a anu di jieun ku urang sorangan sok tambahan tapi utamakeun do’a anu di ajarkeun ku Nabi Muhammad SAW.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NADZOM KALIMAH TAUHID

AL – QURANUL KARIM ETA TEH IMAM URANG SADAYANA

NGABEDAKEUN PERBEDAAN JEUNG PENYIMPANGAN DINA AJARAN ISLAM

Radio Online

Radio Dakwatul Musthofa Lumajang | Radioonline.co.id