JIHAD JALAN PERJUANGAN
Prinsip perjuangan Islam : الجهاد سبيلنا
( Al-jihad eta teh Jalan urang sadayana )
Jihad dina harti umum nyaeta ngagunakeun sakabeh kamampuan keur negakkeun agama Allah SWT. Dina konteks ieu maka jihad ngabogaan roang lingkup gawe anu kajida legana,sehingga jihad nyakup mangrupa rupa sektor parjuangan islam,seperti jihad tanaga,Jihad lisan,Jihad Hate,Jihad Ibadah,Jihad Elmu,Jihad Harta,Jihad Nafakah jeung anu sejenna.
Jeung ari jihad dina harti khusus nyaeta perang di jalan Allah SWT keur ngabinasakeun musuh-musuh Islam jeung sakaligus ngaluhurkeun kalimah Allah SWT. Tah harti ieu anu di peusek ku para Fuqoha,ka asup Imam Madzhab anu opat,dina ngabahas fiqih maranteuna.
Keucap “Jihad “ kalawan sakabeh derifatna,aya dina Al-Quran lobana 33 kali dina 30 ayat.ieu ngabuktikeun kaluhuran parentah jeung derajat Jihad dina parjuangan Islam.
Sedengkeun Jihad jeung perjuangan amar ma’ruf nahyi munkar eta aya tumalina,salasahijina balik deui kana hiji hadits anu diriwayatkeun ku Abu Dzarr Al-Ghiffari ra tentang dialog antara Rasulullah jeung Abu Bakar ra :
قال أبو بكر الصديق رضى الله عنه : " يا رسول الله ,هل من جهاد غير قتال المشركين ؟ قال رسول الله صلى الله عليه واله وسلم : " نعم , يا أبا بكر ,إن لله تعالى مجاهدين فى الأ رض أفضل من الشهداء أحياء مرزوقين يمشون على الأرض يباهى الله بهم ملائكة السماء و تزينت لهم الجنة كما تزينت أم سلمة لرسول الله " , وقال أبو بكر الصديق رضى الله عنه : " يا رسول الله , ومن هم ؟" قال رسول الله صلى الله عليه واله وسلم : " الامرون بالمعروف والناهون عن المنكر والمحبون فى الله والمبغضون فى الله ".
Hartina : “ Abu Bakar Ash-Shiddiq nyarios : “ Wahai Rasulullah, naha aya Jihad salian merangan kaom musrikin ?” Rasulullah SAW ngajawab : “ Nya aya ,wahai Abu Bakar,saeunyana Allah SWT ngabogaan para Mujahid di luhurun bumi anu lewih alus tibatan para syuhada,maranehna hirup marenang rizqi jeung lalempang di luhureun bumi,Allah ngabanggakeun ka maranehna di hareupeun para malaikat langit,jeung surga ge darangdan keur maranehna,sakumaha Ummu Salamah dangdan keur ( caroge’na ) Rasulullah “, Abu Bakar ra nyarios deui : “ Wahai Rasulullah,Saha ari maranehna teh ? Nabi SAW oge ngajawab : “ Maranehna teh nyaeta anu nitah kana kama’rufan jeung anu nyegah kana kamungkaran,sarta maranehna anu cintana karana Allah jeung ambeukna karana Allah “.
Ditukilkeun ku Imam Al-Imam Al-Ghozali rhm dina Ihya-na zuz II Hal. 337 – 338.
Al – Imam An-Nasa-i rhm dina Sunan-na ngariwayatkeun hiji hadits anu sumberna ti Abu Hurairoh ra,dina kitab jihad hadits ka – 3.046,bahwa Rasulullah SAW ngadawuh :
" مَنْ ماَتَ وَلَمْ يَغْزُ وَلَمْ يُحَدَّثْ نَفْسَهُ بِغَزْوٍ فَمَاتَ عَلَى شُعْبَةِ نِفَاقِ "
Hartina : “ Saha jalma anu maot,jeung eta jalma can pernah perang,jeung can pernah oge ngomong ka dirina sorangan tentang perang ( jihad ),maka eta jalma engke maotna dina kaayaan kanifakan “.
Hadits ieu diriwayatkeun oge ku Al-Imam Ahmad rhm dina Musnad-na hadits ka-8.510
Tentang kautamaan jihad,Al-Imam Abdul Qasim Al-Ishfahani rhm dina jero kitab At-Targib Wat Tarhib,Bab At-Targhib fil Jihad,Hadits ka – 806,ngariwayatkeun hiji hadits anu sumberna ti Abu Hurairah ra :
جَاءَ رَجُلٌ إِلَى النَّبِيِّ صَلَى الله عَلَيْهِ وَ اَلِهِ وَسَلَمَ فَقَالَ :" يَارَسُوْلَ الله,عَلَّمْنِيْ عَمَلاً يَعْدِلُ الْجِهَادَ ؟ " قَالَ :"لاَ أَجِدُهُ ".
Hartina : Hiji lalaki datang ka Nabi SAW ,nyarios eta lalaki : “Wahai Rasulullah,ajarkeun abdi hiji amal anu bisa ngabandingan kana jihad ?” Ngajawab Nabi SAW : “ Hanteu kaula Panggihan “.
Hadits ieu di riwayatkeun oge ku Al-Bukhari dina Shahih-na,kitab Jihad,hadits ka- 2.787,Muslim rhm dina Shahih-na,kitab Imarah,hadits ka-3.490,At-Tirmidzi rhm dina Jami’-na,kitab fadhail Jihad,hadits ka 1.544,Nasa’i rhm dina Sunan-na,kitab jihad,hadits ka-3.073 jeung 3.076.Ibnu Majah rhm dina Sunan-na ,kitab jihad ,hadits ka-2.744,Ahmad rhm dina Musnad-na ,hadits ka-9.116,9.273,9.540,9.619 jeung 17.675 jeung Malik rhm dina Muwaththo-na kitab Jihad,hadits ka-849.
Dina sawareh riwayat di caritakeun bahwa Rasulullah di tanya dua atawa tilu kali tentang amal anu ngabandingan pahala jihad,jeung mineung kangjeung Nabi SAW ngajawab ka anu naroskeun “ Anjeun moal bisa mampuh ngalakukeunna “.Jeung dina ahirna sanggeus di desek Kangjeung Nabi SAW nganyatakeun :
" مَثَلُ الْمُجَاهِدِ فِى سَبِيْل اللهِ كَمَثَلِ الصَّائِمِ الْقَائِمِ الْقَانِتِ بِايَاتِ الله لاَ يَفْتِرُ مِنْ صِيَامِ وَلاَصَلاَةِ حَتَّى يَرْجِعُ الْمُجَاهِدِ ".
Hartina : “ Ari babandingan Mujahid di jalan Allah eta seperti babandingaan jalma anu puasa,shalat jeung maca Al-Quran,dimana eta jalma hanteu ereun tina puasa jeung shalatna eta,sahingga sang Mujahid balik ( ti medan tempur ) “.
Tentang pentingna Jihad ,Al-Habib ‘Abdullah ibnu Ahmad Al-Haddar rhm nyokot caritaan As-Syeikh Abu Bakar ibn Salim Ba’Alawi rhm,dina panganter kitab,Miftahus Sara-ir wa Kanzudz Dzakha,hal 8 :
" مَنْ لََمْ يُجَاهِدْ فِى الْبِدَايَاتِ لَمْ يَصِلْ إِلَى النِّهَايَاتِ وَمَنْ لَمْ يُجَاهِدْ لَمْ يُشَاهِدْ ".
Hartina : “ Saha jalma anu hanteu berjihad dina mimitina moal tepi kana tujuan.jeung saha jalma anu hanteu berjihad eta jalma moal bisa ninggali ( Kabahagiaan dunia jeung akhirat )
Karena eta .jihad sebage’jalan perjuangan negakkeun amar ma’ruf nahyi munkar jadi prinsip penting dina awak Pejuang Islam.


Komentar
Posting Komentar