CIRI -CIRI AHLUSSUNAH WAL JAMA’AH (ASWAJA)
Saha ari ASWAJA ? Ari ASWAJA eta singkatan tina Ahlussunah Wal Jama’ah jeung ieu mangrupakeun As-Sawaadul A’zhom hartina mayoritas panggedena kaom muslimin di seluruh dunia ti baheula tepika ayeuna. Tuluy pertanyaanna saha ari ASWAJA ? Ampir sakabeh Ulama jeung Fuqoha Hanafi nuturkeun Madzhab Aqidah Maaturidi, karena Imam Abu Manshur Al-Maaturidi rhm (w.333 H ) ngahimpun ajaran aqidah imam Abu Hanifah rhm dina Madzhab Maaturidi anu dibangunna. Jeung hampir kabeh Ulama jeung Fuqoha Maliki jeung Syafi’i, sarta sawareh Ulama Fuqoha Hambali nuturkeun Madzhab Aqidah Asy’ari, karena Imam Abul Hasan Al-Asy’ari rhm ( w.324 H ) ngahimpun ajaran aqidah Imam Maliki, Imam Syafi’i, Imam Ahmad rohimahumullaahu dina Madzhab Ay’ari anu dibangunna. Boh Madzhab Asy’ari atawa madzhab Maaturidi, duanana eta teh Madzhab Aqidah Ahlus Sunnah wal Jama’ah sejati anu mangrupakeun Madzhab Salaf anu loba dituturkeun ku khalaf. Bahkan ti baheula tepik...
